Advanced Technology Attachment
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
AT Attachment (ATA) nyaéta standar interface keur ngahubungkeun parangkat panyimpen saperti hard disk jeung drive CD-ROM dina jero komputer pribadi, nu dipiara ku komite X3/INCITS T13. Loba istilah jeung sinonim pikeun ATA, kaasup singkatan saperti IDE, ATAPI, jeung UDMA.
Ku ayana pangwanoh pasar kana Serial ATA taun 2003, ATA asli dingaranan Parallel ATA (PATA). Sajalan jeung ngaran aslina, artikel ieu ukur ngabahas ngeunaan Parallel ATA.
Standar Parallel ATA ukur ngidinan panjang kabel henteu leuwih ti 46 séntiméter (18 inci) sanajan kabel nepi ka 91 cm (36 inci) bisa dibeuli ogé. Ku sabab ayana watesan panjang ieu, téhnologi ieu normalna katempo minangka interface panyimpen komputer internal. ATA nyadiakeun interface nu pangumuna jeung harga nu teu pati mahal pikeun aplikasi ieu.
[édit] Sajarah
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
[édit] Tempo Ogé
- Serial ATA (SATA)