Kérod salawé
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Kérod salawé atawa bool (Ing. anus), na anatomi, nyaéta palawangan réktum, nu dikadalikeun ku otot sphincter. Tai (Ing. feces) dikaluarkeun tina awak ngaliwatan kérod salawé nalika ngising (defecation), nu ngarupakeun fungsi utamana.
[édit] Anatomi jeung fungsi kérod salawé
Kérod salawé aya di antara imbit, tukangeun perineum. Kérod salawé mibanda dua anal sphincter, hiji di jero, hiji deui di luar, nu fungsina ngajaga sangkan anus tetep nutup nepi ka waktuna ngising.
Nalika réktum pinuh, naékna tekenan intraréktal ngadorong dinding torowongan anus ngabadagan sahingga kaasupan pitaieun. Nalika pitaieun didorong kana torowongan, réktum mondokan sarta gelombang peristaltis ngadorong tai kaluar réktum. Sphincter luar jeung jero anus salajengna metot otot ngaluarkeun taina.
[édit] Patologi anal
- Anal fissure
- Ambéien (Hemorrhoids)
- Kangker anal
- Fecal incontinence
- Anal fistula
- Anal abscesses
[édit] Tempo ogé
- enema
- kloaka
- suppository
- flatulence