Cirebon
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Cirebon mangrupakeun ngaran dua Daérah Tingkat II di Jawa Barat: Kabupatén Cirebon jeung Kota Cirebon. Dua daérah ieu asalna tina hiji kabupatén nu dimekarkeun ku ditingkatkeunana sabagian wilayahna jadi kotamadya.
[édit] Sajarah
Numutkeun naskah Purwaka Caruban Nagari, nu jadi bibit buit Cirebon téh nyaéta kampung nelayan nu ngaranna Muara Jati (abad ka-14) di wewengkon basisir kalér Jawa, nu mangrupakeun salah sahiji palabuan karajaan Galuh. Nu mingpinna nyaéta Ki Gedeng Alang-Alang.
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |