Sajarah lisan
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Sajarah lisan atawa sajarah oral hartina sajarah anu diturunkeun sacara lisan, turun-tumurun ti hiji generasi ka generasi salajengna. Ku kalolobaan ahli mah, sajarah lisan téh teu bisa dipercaya salaku sumber rujukan. Najan kitu, aya ogé ahli nu nganggap salaku cara pikeun miara jeung nyebarkeun sajarah, utamana nalika budaya tulisan can nyerep di hiji kaadaban. Pangalaman dina budaya sastra nunjukkeun yén manusa téh salawasna ngawangun ulang ingetanana (mémori). Najan aya parobahan, inti caritana mah ilaharna tetep kapiara. Nuturkeun guluyurna waktu, parobahan-parobahan téh beuki euyeub nepi ka antukna teu dipikawanoh deui. Jalma nu hirup dina budaya sastra bisa baé salah ngajénan kana kasohéhan sajarah lisan nu sumebar dina budaya prasastra.
Saméméh mekarna basa tulisan dina hiji masarakat, sajarah lisan téh mangrupa alat utama pikeun ngawariskeun émbaran ka turunanana. Nu ilahar mah nyaéta maké dongéng, utamana dina wanda sajak/tembang (misalna carita pantun & guguritan, sangkan leuwih gampang kaapalkeun) nu katelah tradisi lisan. Kombinasi tradisi lisan nu ngandung moral katut ritual téh katelahna carita rahayat (folklore).
[édit] Rujukan
- Oral history, Wikipédia édisi basa Inggris (5 Méi 2006).
- Ritchie, Donald A. (2003). Doing Oral History: A Practical Guide, Oxford University Press.
[édit] Tumbu kaluar
- American Life Histories WPA Writers' Project 1936–1940 di Library of Congress (US)
- Center for Studies in Oral Tradition The center's mission is to facilitate communication across disciplinary boundaries by creating linkages among specialists in different fields. Through our various activities we try to foster conversations and exchanges about oral tradition that would not otherwise take place.
- Oral History Archives of World War II — Universitas Rutgers
- Oral History Association (US)
- Oral History Association of Australia
- Oral History Directory of Australia
- Oral History Online —Berkeley University (lolobana California jeung Dunya Kulon)
- Oral History Society (GB)
- Techniques and Procedures of Oral History US Army Center of Military History
- Telling stories — Urban School of San Francisco (Holocaust narratives)
- World War II Submarine Veterans History Project California Center for Military History
- eTexts of oral history of former U.S. slaves collected in the 1930s by the WPA, at Project Gutenberg
- In the First Person Béréndélan leuwih ti 2.500 kumpulan sajarah lisan dina basa Inggris ti sakuliah dunya.
- Proyék Sajarah Lisan New Haven di Universitas Yale.
- Story Corps Program nu ngarékam sajarah lisan manusa kiwari; sadayana disimpen di Library of Congress.
- ALPAMYSH; A study in Central Asian oral history
- Southern Oral History Project diadegkeun taun 1979 ku UNC-Chapel Hill kalawan prinsip "Anjeun teu kudu kawentar pikeun jadi sajarah" - Nell Sigmon
- ORAL HISTORY IN FLANDERS; Ramatloka ngeunaan sajarah lisan Flanders
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |