Celsius
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Konversi ti | ka | Rumus |
---|---|---|
Celsius | Fahrenheit | °F = °C × 1,8 + 32 |
Fahrenheit | Celsius | °C = (°F – 32) / 1,8 |
Celsius | Kelvin | K = °C + 273,15 |
Kelvin | Celsius | °C = K – 273,15 |
Celsius | Rankine | °R = °C × 1,8 + 491,67 |
Rankine | Celsius | °C = (°R – 491,67) / 1,8 |
Rumus konversi lianna Kalkulator konversi pikeun unit hawa |
Darajat Celsius (°C, dibaca "sélsius") téh unit hawa nu asalna tina ngaran astronom Swédia Anders Celsius (1701-1744), nu munggaran ngajukeun sistim nu sarupa dina taun 1742. Ti taun 1750-an, skala ieu katelahna skala Centigrade, kakara diganti jadi Celsius taun 1948. Alesan diganti ngaranna téh kusabab istilah centigrade geus dipaké di buana Éropah pikeun ukuran juru datar nu sarua jeung sapersapuluh rébu juru nyiku.
Dina skala Celsius, titik tripel cai téh 0,01 °C, sedengkeun sadarajat Celsius sarua jeung 1/273,16 béda hawa antara titik tripel cai jeung enol absolut, sarta titik beku cai dina 0 °C tekenan atmosfir baku.
Daptar eusi |
[édit] Sajarah
Pituinna mah, Anders Celsius nangtukeun titik golak cai dina 1.000 milibar téh 0 darajat, sedengkeun titik bekuna 100 darajat, sabalikna tina skala Celsius modéren. Aturan sabalikna mimiti dipaké teu lila sanggeus Celsius maot, nyaéta ku Daniel Ekström, pamasok térmométer nu sok dipaké ku Celsius.
Kusabab antara dua titik rujukan (titik beku jeung titik golak) téh heuleutna saratus angka, sistim ieu tadina mah maké istilah centigrade (100 bagian) atawa centesimal. Taun 1948, sistim ieu sacara resmi diganti ngaranna jadi Celsius ku 9th Konferénsi Umum Timbangan jeung Ukuran ka-9 (CR 64), pikeun ngahargaan ka Celsius sarta miceun kabingung alatan bantrok jeung awalan centi- SI, hususna patali jeung sapersaratus Grad. Sanajan titik beku jeung golak cai téh méh baé bener, tapi salaku titik rujukan mah teu bisa dipaké salaku baku formal. Kiwari, harti resmi skala Celsius nangtukeun yén 0,01 °C téh titik tripel cai, sedengkeun sadarajat sarua jeung 1/273,16 béda hawa antara titik tripel cai jeung enol absolut. Watesan ieu diadopsi dina Konferénsi Umum Timbangan jeung Ukuran ka-10 taun 1954. Harti nu sarua ogé dilarapkeun ka darajat kelvin, iwal yén 0 K - enol absolut - téh 273,16 darajat leuwih tiis batan 0 °C). Pikeun prak-prakan kalibrasi térmométer, Skala Hawa Internasional 1990 nambahkeun sababaraha titik rujukan anu kudu ditedunan.
[édit] Larapan
Skala Celsius téh ngarupakeun skala hawa nu panglobana dipaké di sakuliah dunya, iwal di AS jeung Yamaika. Di dua nagara éta mah nu leuwih loba dipaké téh skala Fahrenheit, najan Celsius jeung Kelvin ogé sok dipaké dina widang aéronautika jeung ilmiah.
Dina Unicode, lambang darajat Celsius dijieun sacara husus (℃, U+2103).
[édit] Babandingan skala hawa
Skala | Kelvin | Celsius | Fahrenheit | Rankine | Delisle | Newton | Réaumur | Rømer |
---|---|---|---|---|---|---|---|---|
Enol absolut | 0 | −273,15 | −459,67 | 0 | 559,725 | −90,14 | −218,52 | −135,90 |
Hawa Bumi pangtiisna nu kungsi kacatet (Vostok, Antartika - 21 Juli 1983) |
184 | −89 | −128,2 | 331,47 | 283,5 | −29,37 | −71,2 | −39,225 |
És/campuran uyah Fahrenheit | 255,37 | −17,78 | 0 | 459,67 | 176,67 | −5,87 | −14,22 | −1,83 |
És cair (dina tekenan baku) | 273,15 | 0 | 32 | 491,67 | 150 | 0 | 0 | 7,5 |
Hawa Bumi rata-rata | 288 | 15 | 59 | 518,67 | 127,5 | 4,95 | 12 | 15,375 |
Hawa rata-rata awak manusa ¹ | 309,95 | 36,8 | 98,24 | 557,91 | 94,8 | 12,144 | 29,44 | 26,82 |
Hawa Bumi pangpanasna nu kungsi kacatet (Al-Aziziyah, Libya - 13 Séptémber 1922) |
331 | 58 | 136,4 | 596,07 | 63 | 19,14 | 46,4 | 37,95 |
Cai ngagolak (dina tekenan baku) | 373,15 | 100 | 212 | 671,67 | 0 | 33 | 80 | 60 |
Titanium lééh | 1941 | 1668 | 3034 | 3494 | −2352 | 550 | 1334 | 883 |
Beungeut Panonpoé | 5800 | 5526 | 9980 | 10440 | −8140 | 1823 | 4421 | 2909 |
¹ Hawa normal awak manusa téh 36,8 °C ±0,7 °C, atawa 98,2 °F ±1,3 °F. Ajén umum nu 98,6 °F mah ukur konversi ti baku Jérman abad ka-19 nu 37 °C. Kusabab teu ngabéréndélkeun heuleut nu bisa ditarima, ieu daptar bisa jadi teu pas. Rupa-rupa ukuran aya dina daptar ieu.
Pikeun alesan kapraktisan, sababaraha angka dina tabel ieu geus dibuleudkeun.
[édit] Rujukan
- Watesan unit dasar: Kelvin
- Centigrade
- Understanding Temperature and Transmitters
- AJ Metric Handbook. 1969. Éd. ka-3. Architectural Press, London.
- Sajarah skala hawa Celsius
Celsius | Fahrenheit | Kelvin | |||
Delisle | Leyden | Newton | Rankine | Réaumur | Rømer |
Rumus konversi |