Féromon
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Féromon nyaéta hiji sanyawaan kimia anu asalna tina kelenjar éndokrin jeung digunakeun ku mahluk hirup pikeun nganyahoankeun sasamana, individu séjén, kelompok, jeung pikeun ngabantu prosés réproduksi. Béda jeung hormon, féromon sumebar ka saluareun awak jeung ngan saukur mangaruhan tur dipikanyaho ku individu séjén anu saspésiés.
Daptar eusi |
[édit] Asal Kecap
Féromon, asalna tina basa Yunani ‘phero’ nu hartina ‘nu mawa’ jeung 'mone’ ‘sénsasi’.
[édit] Munggaran kapanggih di Jérman
Féromon munggaran tinemu di Jerman, ku Adolph Butenandt, élmuwan nu nimu ogé hormon séks dina manusa nyaéta éstrogén, progéstéron jeung téstostéron. Nalika munggaran kapanggih dina serangga, féromon loba dihubung-hubungkeun jeung fungsi réproduksi serangga. Para élmuwan mimitina ningali féromon minangka sasaruannnana 'parfum’ dina alam manusa.
[édit] Sajarah Feromon: Jean Henri Fabre
Jean-Henri Fabre dina yuswa 19 taun mitambeyan karir sederhanana minangka guru di Avignon, Perancis. Minangka guru anjeunna miboga minat anu kuat ka alam. Anjeunna betah nyorangan diuk mangjam-jam di tepas tukangeun imahna pikeun nalingakeun kahirupan-kahirupan leutik. Lain ukur émok cabok tanpa maksud, Fabre nyieun catetan jeung éksperimén-éksperiménna sorangan. Otodidak sajati, Fabre ogé ngalatih dirina sangkan bisa ngagambar jeung nyieun illustrasi keur bukuna sorangan.
Tina hasil panalungtikan jeung ékspérimenna, Fabre ngaluarkeun 10 séri énsiklopedi ngeunaan serangga ‘Souvenirs Entomologiques’ nu dina waktu-waktu saterusna diaku minangka karya klasik dina dunya akademik Perancis.Charles Darwin, John Stuart Mill jeung Louis Pasteur, raksasa-raksasa sains jeung filosofi zaman harita mikareueus Fabre alatan katalitian jeung detil panalungtikannana.
Dina hiji usum semi taun 1870 an, Fabre meakkeun isukna pikeun nalingakeun ngengat ( ‘Great peacock’ bikang nu kaluar tina kapongpongna. Ngarasa sugema kana panalungtikannana, Fabre neundeun ngengat nu karek kaluar tina kapongpongna éta ka jero kandang kawat di méja studina. Jam 9 peuting dina poé harita kénéh, rasa sugema Fabre robah jadi ahéng nalika manggihan losinan ngengat jalu ngumpul ngarubung kandang kawat di méja studina. “Maranéhna datang ti sakuliah arah, bari jeung kuring teu nyaho kumaha maranéhannana manggihan bikangna di méja kuring...” tulis Fabre.
Fabre méakkeun taun-taun satuluyna pikeun nalungtik kumaha ngengat-ngengat jalu bisa manggihan bikangna. Fabre nepi kana kasimpulan yén ngengat bikang ngahasilkeun 'zat kimia’ tinamtu nu bauna narik ngengat-ngengat jalu.
Ku kasimpulan Fabre ieu, dimimitiannana sakabéh lapangan panalungtikan anyar ngeunaan feromon.
[édit] Féromon dina Sasatoan
[édit] Féromon dina Kukupu
Nalika kukupu jalu atawa bikang mébérkeun jangjangna, harita ogé féromon sumebar di udara jeung ngondang lawan jenisna pikeun ngadeukeutan sacara seksual.
[édit] Daptar Pustaka
- Yahya, Harun."Ngajalajah Dunya Sireum" : Harun Yahya International, 2004
- Ismunandar."Romansa Kimia" : Harian Kompas, 2006