Ibnu Sina
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Ibn Sina, Abū ‘Alī al-Husain bin ‘Abdullāh bin Sīnā (ابوعلى سينا atawa أبو علي الحسين بن عبد الله بن سينا), atawa nu di Kulon katelah Avicenna téh dokter Pérsia, ogé ahli dina widang filsafat, sakaligus élmuwan nu dilahirkeun taun 980 di Afshana deukeut Bukhara, ayeuna Uzbékistan, sarta pupus bulan Juni 1037 di Hamadan, Pérsia (Iran).
Saumur hirupna, Ibnu Sina nulis 450 buku nu jejerna rupa-rupa, tapi lolobana mah dina widang filsafat jeung kadokteran. Alatan jasana nu ageung dina widang éta, anjeunna sok disebut salaku "bapa kadokteran modéren". George Sarton nyebut anjeunna salaku "élmuwan Islam paling kawentar, sarta salah sahiji nu pangkawentarna di sakabéh bangsa, tempat, jeung waktu". Karya penting Ibnu Sina di antarana Pustaka Tatamba jeung Hukum Kadokteran, anu ogé katelah Qanun (al-Qanun fittib).
[édit] Baca ogé
- Puncak Ibnu Sina (Avicenna Peak)
- Daptar élmuwan Pérsia
- Filsuf Iran
- Sajarah kadokteran
- Kadokteran Muslim awal
- Filsuf Muslim
- Sarjana Islam
- Al-Qumri
[édit] Tumbu kaluar
- Encyclopædia Iranica: Avicenna
- Biography of Avicenna (in English)
- Ibn Sina
- Biography of Avicenna
- Catholic Encyclopedia: Avicenna
- Citakan:MacTutor Biography
- The Ontology of Ibn Sina (Avicenna)
- Ibn Sina - Avicenna
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |