Kabupatén Sukabumi
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
- Pikeun artikel kota nu ngaranna sarua, tempo Kota Sukabumi.
![]() |
|
![]() |
|
Motto | - |
Propinsi | Jawa Barat |
Ibukota | Sukabumi |
Lega Wilayah | 3.934,47 km² |
Kordinat | - |
Pangeusi | |
· Jumlah | 2.210.000 (2003) |
· Kapadetan | 562 jiwa/km² |
Administratif | |
· Kacamatan | 45 |
· Désa/ kalurahan |
- |
Dasar hukum | - |
Tanggal | - |
Bupati | - |
Kode area telepon | 0266 |
DAU | Rp. - |
Situs web resmi: - |
Kabupatén Sukabumi mangrupakeun hiji kabupatén di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Ibukotana nyaéta Palabuanratu. Kabupatén ieu wawatesan jeung Kabupatén Bogor di beulah kalér, Kabupatén Cianjur di beulah wétan, Sagara Indonésia di beulah kidul, sarta Kabupatén Lebak di beulah kulon.
[édit] Administratif
Kabupatén Sukabumi kawengku ku 47 kacamatan, nu kabagi deui kana sajumlah désa jeung kalurahan. Puseur pamaréntahan aya di Pelabuhan Ratu.
[édit] Topografi
Sabagean gedé wilayah kabupatén ieu mangrupakeun pagunungan, kajaba di sabagean basisir kidul nu mangrupa dataran handap. Sababaraha puncak gunung aya di beulah kalér, diantarana: Gunung Halimun (1.929 m), Gunung Salak (2.211 m), jeung nu pangluhurna nyaéta Gunung Gedé (2.958). Di antara walungan nu ngalir nyaéta Cimandiri jeung Cikaso, nu ngamuara di Sagara Indonésia.
[édit] Pariwisata
- Basisir Pelabuhan Ratu
- Cipanas Cisolok, ayana 17 km di beulah kulon kidul Pelabuhan Ratu. Di tempat ieu aya walungan mata cai panas kusabab ayana letupan vulkanis. Di deukeuteunnana aya curug jeung pakebonan karét.
- Basisir Karang Hawu, ayana 20 km ti Pelabuhan Ratu. Di basisir ieu aya karang nu miboga lobang kawas hawu. Di basisir ieu bisa dipaké pikeun selancar air.
- Guha Lalay, ayana 3 km ti Pelabuhan Ratu. Guha ieu mangrupakeun imahna rebuan lalay.
|
![]() |
---|---|
Kabupatén: Bandung | Bekasi | Bogor | Ciamis | Cianjur | Cirebon | Garut | Indramayu | Karawang | Kuningan | Majalengka | Purwakarta | Subang | Sukabumi | Sumedang | Tasikmalaya |
|
Kabupatén Sukabumi, Jawa Barat |
![]() |
---|---|
Kacamatan: Bantargadung | Bojong Genténg | Caringin | Cibadak | Cibitung | Cicantayan | Cicurug | Cidadap | Cidahu | Cidolog | Ciemas | Cikakak | Cikembar | Cikidang | Ciracap | Cireunghas | Cisaat | Cisolok | Curugkembar | Gegerbitung | Gunung Guruh | Jampang Kulon | Jampang Tengah | Kabandungan | Kadudampit | Kalapa Nunggal | Kalibunder | Kebonpedes | Léngkong | Nagrak | Nyalindung | Pabuaran | Parakan Salak | Parung Kuda | Pelabuhan Ratu | Purabaya | Sagaranten | Simpenan | Sukabumi | Sukalarang | Sukaraja | Suradé | Tegal Buleud | Waluran | Warung Kiara |