Areng
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Areng nyaéta résidu hideung nu eusina karbon teu murni nu dihasilkeun ku jalan ngaleungitkeun cai jeung komponén volatil tina sato atawa tutuwuhan, utamana ku jalan manaskeun kai bari dikekeb (tanpa oksigén, sabab lamun loba oksigén mah bahanna bakal kaduruk nepi ka jadi lebu). Areng gula, tulang (nu loba ngandung kalsium fosfat), jeung nu séjénna ogé bisa dijieun ku cara nu sarua.
[édit] Produksi

Areng kai téh geus dijieun ku manusa ti jaman baheula, nu sacara umum mah ku cara nungkup kai anu beunang meulahan ku taneuh liat baseuh. Lajeng, sabudeureun éta gundukan téh diduruk, sahingga ngahasilkeun kira 60% (v/v) atawa 25% (w/w) areng.
[édit] Baca ogé
- Karbon aktip
[édit] Sumber rujukan jeung tumbu kaluar
- On Charcoal
- The Lump Charcoal Database - Émbaran ngeunaan areng balokan.
- [1] - Émbaran ngeunaan areng.
- Photo of traditional charcoal production A forest kiln
- The River Wey and Wey Navigations Community Site — loka nirlaba nu nyadiakeun leuwih ti 120.000 kecap ngeunaan Wey Valley, kaasup poto produksi areng jeung émbaran nu patali jeung pabrik mesiu di Chilworth.
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |