Kabuyutan Astana Gedé
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Kabuyutan Astana Gedé Kawali mangrupakeun situs sajarah titinggal Karajaan Sunda. Sawatara ahli malah ngaduga-duga yén ieu situs téh mangrupakeun situs penting ti saméméh karajaan Sunda. Situs ieu ayana di Kawali, kaléreun Kota Ciamis.
Di kabuyutan ieu aya sababaraha prasasti (katelah prasasti Kawali) titinggal Karajaan Sunda mangsa Prabu Niskala Wastu Kancana. Salahsahiji tulisan dina prasastina, nyaéta "Mahayunan Ayunan Kadatuan", dijadikeun motto juang Kabupatén Ciamis.
Lian ti prasasti, di kabuyutan ieu aya sababaraha artéfak séjénna:
- batu disolit, nyaéta tempat ngistrénan raja, katelahna Palangka.
- batu nu aya ukiran tapak leungeun kénca jeung dua suku, sarta sababaraha garis
- tilu batu ménhir: Batu Panyandaan, Batu Panyandangan, jeung Batu Pamuruyan.
[édit] Baca ogé
![]() |
Artikel ngeunaan Sunda ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |