Lauk Emas
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Lauk Emas Status konservasi: Aman
|
|||||||||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
![]() |
|||||||||||||||
Klasifikasi ilmiah | |||||||||||||||
|
|||||||||||||||
|
|||||||||||||||
Cyprinus carpio (Linnaeus, 1758) |
|||||||||||||||
|
Lauk Emas (Cyprinus carpio, basa Inggrisna common carp, lain goldfish) mangrupakeun lauk darat nu paling sumebar di sakuliah dunya, anggota famili Cyprinidae. Lauk nu asalna ti Asia jeung Éropa ieu bisa tumuwuh nepi ka panjangna 1,2 méter, beurat 37,3 kg), sarta umur 47 taun. Nu liar biasana mah leuwih leutik, paling 20% - 33% ti ukuran maksimum. Koi (鯉魚 dina basa Cina, 錦鯉 dina basa Jepang) mangrupakeun varietas nu asalna ti Cina, tapi jadi kawentar di Dunya Kulon ngaliwatan Jepang.
Najan toléran kana rupa-rupa kaayaan, lauk emas leuwih resep cicing dina cai nu lega tur tenang, kalawan dasar nu lemes tur ngandung tutuwuhan cai. Di tempat asalna nu iklimna sedeng, lauk ieu resep dina cai nu pH-na 7-7,5, kasadahan 10-15 dGH, sarta hawa 3-24°C. Lauk ieu karesepna ngagorombol, paling henteu limaan.
Lauk emas mangrupakeun omnivora nu ngahakan naon baé nu ngaliwat ka hareupeunana, kayaning tutuwuhan cai, serangga, lauk paéh, jeung sajabana. Malah di pilemburan di Indonésia, balong/kulah lauk emas téh mangrupakeun kokocoran limbah rumah tangga.
Sakali endogan, lauk emas bisa ngaluarkeun 300.000 endog.
[édit] Rujukan
- Common carp, Wikipédia édisi basa Inggris (28 Maret 2006)
- Cyprinus carpio (TSN 163344). Integrated Taxonomic Information System. Dibuka ping 4 Oktober 2004.
- Cyprinus carpio. FishBase. Ranier Froese & Daniel Pauly (éd.), vérsi Séptémber 2004. N.p.: FishBase, 2004.
- Cyprinus carpio Arkive