Wikipedia:Log pamaké anyar
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Wilujeng sumping! Mun anjeung anyaran datang ka ieu komunitas, mangga tuliskeun pangwanoh ngeunaan diri anjeun na kaca ieu, tong asa-asa. Pangpentingna, naon anu jadi interés anjeun, widang garapan anjeun, jeung dina jejer naon (utamana) kontribusi anjeun ka Wikipédia. Hal ieu penting pikeun kami sangkan bisa ngabantu anjeun dina rék prakna ngédit. Kami ogé hayang nyaho, ti mana anjeun uningan ngeunaan Wikipédia.
- Pikeun nambahkeun diri anjeun kana béréndélan di handap, tuliskeun (ketik kétang!) pamanggih jeung asupkeun ngaran anjeun salaku subjék dina lulugu (header)-na. Ogé béré paraf dina panungtungan komentar anjeun ku ngetik opat gelombang (~~~~) nu hasilna bakal némbongkeun tumbu ka kaca pamaké anjeun.
[édit] kandar
Sampurasun! Sim kuring sabenerna mah lain pamaké anyar, tapi keun baé, pikeun ngalalanyahan & nyontoan. Kuring kapeto jadi kuncén di Wikipédia Sunda ieu, gabung di Wikipédia geus sataun leuwih. Widang interés kuring nyaéta élmu alam sacara umum, hususna kimia, sajarah, jeung kasundaan. Sakitu baé, permiosss. kandar 07:10, 13 Méi 2005 (UTC)
[édit] Ariful
Punten ka para dulur, kuring hayang ngiluan kana ieu situs (atanapi naon lah punten kuring can pati apal kana istilahna). Kuring karek apal yen aya situs sunda nu sakieu loba beja jeung pangaweruh, kuring apal kana ieu situs teh tina koran sunda "Galura" edisi juli 2005. Ngarang Kuring Teh Moh Ariful Rahman, nganjrek di Bojongkoneng Bandung, kalahiran tahun 1963-an. Interes kuring mah kana sarupaning kasundaan weh lah (punten teu bisa diwincik da puguh rada bingung). Timpah nuhun sateuacannya saupami sim kuring ditampi dina ieu komunitas.