Macrovision
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Macrovision nyaéta hiji pausahaan nu nyieun rancana panghalang pangrékaman éléktronis, diwangun dina 1983. Ngaran ieu oge digunakeun pikeun sagala rupa rancana panghalang pangrékaman anu dijieun ku pausahaan ieu.
[édit] Sajarah
‘’Macrovision Corporation’’ diwangun dina taun 1983. Film 1984 "The Cotton Club" mangrupakeun kasét vidio munggaran anu disandikeun maké téhnologi Macrovision nalika dikaluarkeun dina taun 1985. Nepi ka ahir 1980-an, kalolobaan studio gedé di Hollywood ngagunakeun téhnologi Macrovision. Tvhnologi ieu dikembangkeun kana pamuter DVD nalika munggaran dikaluarkeun dina taun 1997.
[édit] Macrovision keur vidéo
Kasét vidéo VHS atawa DVD (taya pamuter laserdisc atawa video CD nu nerapkeun ieu) atawa kotak kabel/satelit digital narima stream data nu di-énkode ku Macrovision bakal nyababkeun sét VCR nu ngarékamna gagal (kajaba modél nu kacida heubeulna, VCR nu geus dirombak, atawa parabot kasebut nu geus disatujuan pikeun "kagunaan profésional"). Biasana katempo minangka gambar nu diacak saperti lamun seug tracking-na teu bener, atawa gambarna reup bray tina caang ka poék.
![]() |
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantosanna diantos kanggo narjamahkeun. |
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |