Nagoya, Aichi
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Citakan:Japanese city Nagoya (名古屋市 nagoya-shi?) kota kaopat panggedena (kota metropolitan katilu panggedena) jeung kota sejahtera nomer tilu di Jepang. Ayana di basisir Pasipik wewengkon Chubu di tengah Pulo Honshu, tur ibukota Perfektur Aichi.
Daptar eusi |
[édit] Sajarah
Nagoya ngadeg dina 1 Oktober, 1889, sarta diresmikeun dina tanggal 1 September, 1956 ku pamarentahan ordinansi. Sacar sajarah, ngaran ieu kota 那古野 atawa 名護屋 (dibacana Nagoya), jeung ayana antara Kyoto jeung Tokyo, sarta sacara sajarah oge dipikanyaho salaku "ibukota tengah" (中京 Chūkyō?).
[édit] Wisata
Tempat wisata nu kawentar di Nagoya nyaeta Kastil Nagoya (名古屋城 Nagoya-jō?) jeung Kuil Atsuta (熱田神宮 Atsuta Jingū?).
Kastil Nagoya Nagoya jō diwangun dina taun 1612. Sanajan ngalaman kaduruk salila Perang Dunya Kadua, kastil diomean dina taun 1959, tur aya sababaraha tambahan anyar saperti tangga naek. Nagoya-jō kawentar ku dua nu luar biasa nyaeta Golden Orca (金の鯱 Kin no Shachihoko?) dina hateupna. Ieu oge ilahar dipake keur lambang Nagoya.
Atsuta jingū ngarupakeun kuil keramat kadua di Jepang, ngabadikeun pedang keramat Kusanagi (草薙神剣 Kusanagi no mitsurugi?) salah sahiji tina tilu tanda kaisar Jepang. Kurang leuwih aya 70 festival dina sataun jeung loba nu ngadatangan unggal taunna. Kuil ieu ngabogaan 4000 paninggalan sajarah nu ngagambarkeun salila 2000 taun sajarahna.
Atraksi model nyaeta Munara TV Nagoya jeung Munara JR Central di Stasion Nagoya.
[édit] Kota husus
Nagoya ngabagoaan 16 wards (ku 区?):
|
|
[édit] Demografi
Dina taun 2003, jumlah pendudukna kira-kira 2,190,549 jeung karapetanna 6,710.21 uran per km². Total legana is 326.45 km². Salaku daerah metropolitan ngalegaan kaasup ka perfektur Mie jeung Gifu, nu total jumlah pendudukna kira-kira 9 juta, sahandapeun Osaka jeung Tokyo.
[édit] Transportasi
Nagoya dilayanan ku Bandara International Centrair Chubu (NGO) di kota Tokoname jeung Bandara Nagoya (Bandara Komaki) (NKM) di kota Komaki jeung Kasugai. Dina 17 Pebruari,2005, sakabeh penerbangan komersial ti Bandara Nagoya (iwal ti nu dioperasikeun ku J-Air) dipindahkeun ka Centrair. Bandara Nagoya ayeuna dipake keur fasilitas general aviation jeung airbase.
Stasion Nagoya, dumasar kana legana kaasup stasion kareta panglegana, didinya aya Tokaido Shinkansen, Tokaido Main Line, jeung Chuo Main Line, salian ti nu sejenna. Nagoya Railroad jeung Kinki Nippon Electric Railway mere layanan regional di Tokai jeung Kansai region. Nagoya oge ngabogaan kareta bawah taneuh.
[édit] Ekonomi
[édit] Sejenna
Nagoya oge ngaran kota di Pulo Batam, Propinsi Kapuloan Riau, Indonesia
[édit] Tumbu kaluar
- WikiSatellite view of Nagoya at WikiMapia
- Citakan:Wikitravelpar
- Citakan:Ja icon Official website
- (English) Official website
Citakan:Aichi
Bagean-bagean Jepang | ![]() |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|
|