New Immissions/Updates:
boundless - educate - edutalab - empatico - es-ebooks - es16 - fr16 - fsfiles - hesperian - solidaria - wikipediaforschools
- wikipediaforschoolses - wikipediaforschoolsfr - wikipediaforschoolspt - worldmap -

See also: Liber Liber - Libro Parlato - Liber Musica  - Manuzio -  Liber Liber ISO Files - Alphabetical Order - Multivolume ZIP Complete Archive - PDF Files - OGG Music Files -

PROJECT GUTENBERG HTML: Volume I - Volume II - Volume III - Volume IV - Volume V - Volume VI - Volume VII - Volume VIII - Volume IX

Ascolta ""Volevo solo fare un audiolibro"" su Spreaker.
CLASSICISTRANIERI HOME PAGE - YOUTUBE CHANNEL
Privacy Policy Cookie Policy Terms and Conditions
Polio - Wikipédia

Polio

Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas

Poliovirus

Klasifikasi virus
Golongan: Golongan IV ((+)ssRNA)
Kulawarga: Picornaviridae
Marga: Enterovirus
Spésiés: Poliovirus

Polio (Poliomyelitis), atawa paralisis orok, nyaéta hiji kasakit viral paralitik. Nu jadi sabab, hiji virus nu disebut poliovirus (PV), nu asup kana awak sacara oral, terus ngainféksi peujit. Salajengna ieu virus bisa nyebar asup kana saluran getih sarta sistim saraf pusat nu ngabalukarkeun lumpuhna otot, malah bisa nepi ka paralisis.

Daptar eusi

[édit] Sajarah

Balukar inféksi polio geus dipikawanoh ti jaman prasajarah. Lukisan jeung ukiran titinggal Mesir némbongkeun ayana budak lumpuh nu leumpang maké alat bantu, jsb. Kaisar Romawi Claudius sukuna lumpuh ti bubudak nepi ka ahir hirupna. Présidén AS Franklin D. Roosevelt kaserang polio taun 1921 nepi ka diparalisis. Laporan kasus poliomyelitis munggaran ditepikeun ku Jakob Heine taun 1840. Karl Oskar Medin mangrupakeun nu munggaran ngayakeun studi émpiris épidemi poliomyelitis taun 1890, sahingga dua ngaran ieu dipaké pikeun ngaran kasakitna, kasakit Heine-Medin.

Franklin D. Roosevelt kudu maké korsi roda sanggeus kaserang Polio taun 1921
Franklin D. Roosevelt kudu maké korsi roda sanggeus kaserang Polio taun 1921

[édit] Polio téh naon?

Polio (paralisis orok, infantile paralysis) nyaéta kasakit népa nu digolongkeun kana hiji kasakit peradaban (disease of civilization). Polio nyebar ku kontak manusa antarmanusa, biasana asup kana awak ngaliwatan baham tina cai atawa kadaharan nu kakontaminasi. Poliovirus nyaéta hiji virus RNA (asam ribonukléat) leutik nu boga tilu galur nu gampang pisan ngainféksi. Virus ieu nyerang sistim saraf, sedengkeun awal paralisis bisa lumangsung dina jangka sababaraha jam. najan polio bisa nyerang ka saha baé dina sagala umur, leuwih ti 50% kasusna nyerang ka barudak antara umur tilu ka lima taun. Mangsa inkubasi polio, ti munggaran inféksi nepi ka gejala kahiji, lumangsung antara tilu nepi ka 35 poé.

Polio bisa sumebar lega saméméh ahli médis ngadetéksi tanda awal hiji wabah polio. Nu ahéng, lolobana nu kainféksi poliovirus teu némbongkeun gejala nanaon sahingga taya nu nyangka yén geus kainféksi. Sanggeus kainféksi, virusna nyebar deui ngaliwatan tai sababaraha minggu nepi ka antukna kanyahoan aya wabah di masarakat. Tilu galur poliovirus ngabalukarkeun polio nonparalitik, polio paralitik, jeung polio bulbar. Sadaya bentuk polio némbongkeun gejala awal nu sarua: laleuleus, muriang, utah uger, nyeri sirah, jeung nyeri beuheung.

[édit] Tipe-tipe polio

[édit] Polio non-paralitik

Polio nonparalitik ngabalukarkeun muriang, utah, nyeri beuteung, létoy, jeung sénsitip, ogé kadang keram dina otot beuheung jeung tonggong, nu mun dicabak karasa hipu.

[édit] Polio paralitik tulang tonggong

Galur poliovirus ieu nyerang kolom tulang tonggong sahingga ngancurkeun sél (biologi) tanduk anterior nu ngatur gerak anggota awak. Najan galur poliovirus ieu bisa ngabalukarkeun paralisis permanén, kasusna kurang ti satengah persén nu nepi ka paralisis. Paralisis pangilaharna nyerang kana suku. Sakali poliovirus nyerang peujit, bakal kaserep ku kapilér na dinding peujit nu salajengna nyebar ka sakuliah awak ngaliwatan saluran getih. Poliovirus nyerang kolom tulang tonggong jeung neuron motor -- nu ngatur gerak fisik. Nya dina mangsa ieu némbonganana gejala kawas flu; pikeun jalma nu teu mibanda kawedukan atawa can divaksinasi, virusna biasana terus ngainféksi sakujur kolom tulang tonggong jeung bobot uteuk. Inféksi ieu mangaruhan sistim saraf puseur (SSP) -- nyebar sapanjang serat saraf. Nalika virusna ngalobaan na SSP, neuron motor jadi ancur; neuron motor teu baranahan sahingga otot nu kapangaruhan moal bisa némbalan paréntah SSP. Paralisis nu pangilaharna lumangsung dina otot suku, nu balukarna sendi jadi ngagantung jeung teu hirup -- hiji kaayaan nu katelah paralisis lumpuh akut (acute flaccid paralysis, AFP). Inféksi SSP nu parah ngabalukarkeun paralisis tulang jeung otot toraks jeung abdomen (quadriplegia).

[édit] Polio bulbar

Polio bulbar disangka mangrupa balukar tina jalma nu teu mibanda daya tahan alami kana virus polio, sahingga bibit uteuk (brain stem) bisa kaserang. Bibit uteuk ngandung neuron motorik nu ngatur engapan jeung saraf kranial, nu méré sinyal ka rupa-rupa otot nu ngatur gerak panon; saraf trigeminal jeung saraf raray nu ngarangsang kelopak panon, cipanon, jeung otot-otot raray, jsb.; saraf pangrungu; saraf glossopharyngeal nu sabagian ngatur neureuy jeung fungsi-fungsi na tikoro; gerak létah jeung rasa; sarta saraf nu ngirimkeun sinyal ka jantung, usus, engapan (bayah), jeung saraf asésori nu ngatur gerak beuheung-luhur. Polio bulbar bisa mangaruhan fungsi-fungsi nu kasebut di luhur.

Tanpa pangrojong engapan, polio bulbar biasana ngabalukarkeun pati. Ti antara nu kainféksi, 5-10% maot nalika otot engapanana jadi teu bisa gerak. Ieu biasana lumangsung sanggeus ruksakna saraf kranial nu tugasna ngirim sinyal engapan ka bayah. Korban bulbar bisa ogé nemahan pati alatan ruksakna fungsi neureuy; korbanna bisa "ngerelep" dina sékrésina sorangan, kecuali mun dikaluarkeun atawa dibéré trakéostomi pikeun ngaluarkeun sékrési méméh cairanana asup kana bayah. Hésé pisan mun hayang trakéostomi bari maké bayah beusi. Virusna ogé bisa nyerang kana bagian uteuk nu ngabalukarkeun koma jeung pati.

Laju mortalitas polio bulbar antara 25-75%, gumantung umur pasénna. Nepi ka kiwari aya nu bisa salamet ku jalan terus-terusan cicing na bayah beusi (iron lung) atawa napel na mesin pangrojong engapan sangkan bisa tetep hirup. Polio bulbar jeung spinal mindeng narajang sakaligus. Duanana kaasup polio paralitik, nu sabenerna teu permanén. Aya nu bisa cageur ti polio paralitik sahingga bisa hirup kalawan normal deui.

[édit] Polio jeung barudak

Barudak nu keuna ku polio némbongkeun ukur gejala nu hampang, sahingga bisa jadi weduk salawasna. Ku kituna, warga nu hirup di wewengkon nu leuwih berséka (sanitasina leuwih alus) sabenerna jadi leuwih rentan kaserang polio sabab jarang nu keuna ku polio nalika keur leutik. Jalma nu geus cageur tina polio kadang némbongkeun sindrom tambahan, utamana lemah otot, sababaraha dekade ka hareup; gejala ieu disebut sindrom paskapolio.

[édit] Vaksin jétu munggaran

Vaksin polio munggaran nu jétu dikembangkeun ku Jonas Salk, najan vaksin ieu ogé nu dikembangkeun ku Albert Sabin nu geus dipaké pikeun inokulasi masal. Inokulasi barudak pikeun ngalawan polio dimimitian di Pittsburgh, Pennsylvania, 23 Pébruari 1954. Ku cara imunisasi masal, kasakit ieu musnah di Amérika, najan kiwari mucunghul deui di Haiti, nu alatan masalah pulitik jeung kamiskinan ngahambat usaha vaksinasi. [1]

[édit] Usaha éradikasi

Taun 1988, WHO ngaluluskeun hiji résolusi pikeun ngabasmi polio taun 2000, hiji tarékah nu diideuan ku usaha Rotary International taun 1985 nu ngumpulkeun dana $120 yuta pikeun ngaimunisasi sakabéh budak saalam dunya pikeun ngalawan ieu kasakit. Rarancang kiwari nyaéta panggero pikeun meungpeuk nyebarna ieu virus nepi ka taun 2005. Inféksi polio nu kiwari aya kénéh nyaéta di subbenua India jeung Nigeria. Usaha ngabasmi di subbenua India nunjukkeun loba kamajuan, utamana nya ku program imunisasi. Hanjakal, sababaraah pihak Muslim nolak diimunisasi alatan aya isu bohong yén vaksinna ngabalukarkeun peluh jeung mandul.

Di propinsi Kano, Nigeria Kalér, nu ngajalankeun syari'ah (hukum Islam), kampanye imunisasi kungsi eureun Séptémber 2003, nalika pamingpin Muslim ngémbarkeun kacurigaan yén vaksin nu dipasok ku donor-donor Kulon bisa ngurangan kasuburan jeung nyebarkeun HIV salaku salasahiji jalan AS pikeun meruhkeun Islam [2]. 30 Juni 2004, WHO ngémbarkeun yén Kano kudu ngulang kampanye dina awal Juli, sanggeus salila sapuluh bulan wabah ieu sumebar ka sakuliah Nigeria jeung sapuluh nagara Afrika séjénna nu saméméhna geus bébas polio.

Di sagigireun ayana rumor mandul jeung pameungpeuk ku pamaréntah propinsi Kano, perang sipil jeung pacéngkadan internal di Sudan jeung Basisir Gading beuki nyusahkeun WHO dina ngudag ngabasmi polio.

WHO miharep geus bisa ngabasmi kasakit ieu taun 2004, tapi kasusna kalah nambahan nepi ka 1185 di 17 nagara ti 784 di 15 nagara (taun 2003). Di Asia ngurangan, di Afrika kalah ngalipet jadi 1,037. Di Nigeria, nagara pangpadetna di Afrika, aya 763 kasus, dituturkeun ku India (129 kasus) jeung Sudan (112 kasus).

Tanggal 5 Méi 2005, warta ngalaporkeun ayana kasus anyar di Jawa, Indonésia, nu galur virusna dicuriga datang ti Nigeria. [3] [4]

[édit] Pangaruh sosial

Di Bénin, di mana sababaraha kulawarga nolak vaksinasi kalawan alesan agama, korban polio sacara informal diwenangkeun nyulundupkeun minyak ti tatanggana, Nigeria. Maranéhna tumpak motor tilu roda nepi ka wates, dibaturan ku montir nu ngurus mesin katut nu tunggangna. Di Nigeria, maranéhna minuhan sagala wadah nu dibawana ti Bénin pikeun di bawa balik deui.

Najan ngalanggar hukum, jaba bahya mamawa minyak kana botol, maranéhna ditolelir ku aparat jeung masarakat Bénin. Korban polio, tina upajiwa ieu, ngarasa leuwih hadé batan baramaén, sarta bisa campur gaul jeung masarakat.

[édit] Nirca

Aya sababaraha vaksin méméh nu ti Jonas Salk taun 1953. Taun 1935, Maurice Brody, asistén panalungtikan di Universitas New York, ngaku geus manggihan hiji vaksin nu dihasilkeun tina budidaya saraf tulang tonggong monyét. Anjeunna nguji vaksinna ka dirina sorangan jeung sababaraha urang asisténna, sarta ngabagikeun ka tilu réwu budak nu lolobana némbongkeun réaksi alérgi, tapi tanpa ngahasilkeun kawedukan kana polio. Panalungtik séjén teu bisa ngulang percobaan anjeunna ieu.

John Kolmer ogé kungsi ngaku geus ngembangkeun vaksin, ngan hanjakal kalah mawa balukar goréng ka barudak nu divaksinasina.

Virus Simian nu katelah SV40 kungsi kapanggih dina vaksin polio ti taun 1954 nepi ka 1962. SV40 mangrupakeun karsinogén nu ngabalukarkeun kangker.

[édit] Tumbu kaluar

Static Wikipedia (no images)

aa - ab - af - ak - als - am - an - ang - ar - arc - as - ast - av - ay - az - ba - bar - bat_smg - bcl - be - be_x_old - bg - bh - bi - bm - bn - bo - bpy - br - bs - bug - bxr - ca - cbk_zam - cdo - ce - ceb - ch - cho - chr - chy - co - cr - crh - cs - csb - cu - cv - cy - da - de - diq - dsb - dv - dz - ee - el - eml - en - eo - es - et - eu - ext - fa - ff - fi - fiu_vro - fj - fo - fr - frp - fur - fy - ga - gan - gd - gl - glk - gn - got - gu - gv - ha - hak - haw - he - hi - hif - ho - hr - hsb - ht - hu - hy - hz - ia - id - ie - ig - ii - ik - ilo - io - is - it - iu - ja - jbo - jv - ka - kaa - kab - kg - ki - kj - kk - kl - km - kn - ko - kr - ks - ksh - ku - kv - kw - ky - la - lad - lb - lbe - lg - li - lij - lmo - ln - lo - lt - lv - map_bms - mdf - mg - mh - mi - mk - ml - mn - mo - mr - mt - mus - my - myv - mzn - na - nah - nap - nds - nds_nl - ne - new - ng - nl - nn - no - nov - nrm - nv - ny - oc - om - or - os - pa - pag - pam - pap - pdc - pi - pih - pl - pms - ps - pt - qu - quality - rm - rmy - rn - ro - roa_rup - roa_tara - ru - rw - sa - sah - sc - scn - sco - sd - se - sg - sh - si - simple - sk - sl - sm - sn - so - sr - srn - ss - st - stq - su - sv - sw - szl - ta - te - tet - tg - th - ti - tk - tl - tlh - tn - to - tpi - tr - ts - tt - tum - tw - ty - udm - ug - uk - ur - uz - ve - vec - vi - vls - vo - wa - war - wo - wuu - xal - xh - yi - yo - za - zea - zh - zh_classical - zh_min_nan - zh_yue - zu -

Static Wikipedia 2007 (no images)

aa - ab - af - ak - als - am - an - ang - ar - arc - as - ast - av - ay - az - ba - bar - bat_smg - bcl - be - be_x_old - bg - bh - bi - bm - bn - bo - bpy - br - bs - bug - bxr - ca - cbk_zam - cdo - ce - ceb - ch - cho - chr - chy - co - cr - crh - cs - csb - cu - cv - cy - da - de - diq - dsb - dv - dz - ee - el - eml - en - eo - es - et - eu - ext - fa - ff - fi - fiu_vro - fj - fo - fr - frp - fur - fy - ga - gan - gd - gl - glk - gn - got - gu - gv - ha - hak - haw - he - hi - hif - ho - hr - hsb - ht - hu - hy - hz - ia - id - ie - ig - ii - ik - ilo - io - is - it - iu - ja - jbo - jv - ka - kaa - kab - kg - ki - kj - kk - kl - km - kn - ko - kr - ks - ksh - ku - kv - kw - ky - la - lad - lb - lbe - lg - li - lij - lmo - ln - lo - lt - lv - map_bms - mdf - mg - mh - mi - mk - ml - mn - mo - mr - mt - mus - my - myv - mzn - na - nah - nap - nds - nds_nl - ne - new - ng - nl - nn - no - nov - nrm - nv - ny - oc - om - or - os - pa - pag - pam - pap - pdc - pi - pih - pl - pms - ps - pt - qu - quality - rm - rmy - rn - ro - roa_rup - roa_tara - ru - rw - sa - sah - sc - scn - sco - sd - se - sg - sh - si - simple - sk - sl - sm - sn - so - sr - srn - ss - st - stq - su - sv - sw - szl - ta - te - tet - tg - th - ti - tk - tl - tlh - tn - to - tpi - tr - ts - tt - tum - tw - ty - udm - ug - uk - ur - uz - ve - vec - vi - vls - vo - wa - war - wo - wuu - xal - xh - yi - yo - za - zea - zh - zh_classical - zh_min_nan - zh_yue - zu -

Static Wikipedia 2006 (no images)

aa - ab - af - ak - als - am - an - ang - ar - arc - as - ast - av - ay - az - ba - bar - bat_smg - bcl - be - be_x_old - bg - bh - bi - bm - bn - bo - bpy - br - bs - bug - bxr - ca - cbk_zam - cdo - ce - ceb - ch - cho - chr - chy - co - cr - crh - cs - csb - cu - cv - cy - da - de - diq - dsb - dv - dz - ee - el - eml - eo - es - et - eu - ext - fa - ff - fi - fiu_vro - fj - fo - fr - frp - fur - fy - ga - gan - gd - gl - glk - gn - got - gu - gv - ha - hak - haw - he - hi - hif - ho - hr - hsb - ht - hu - hy - hz - ia - id - ie - ig - ii - ik - ilo - io - is - it - iu - ja - jbo - jv - ka - kaa - kab - kg - ki - kj - kk - kl - km - kn - ko - kr - ks - ksh - ku - kv - kw - ky - la - lad - lb - lbe - lg - li - lij - lmo - ln - lo - lt - lv - map_bms - mdf - mg - mh - mi - mk - ml - mn - mo - mr - mt - mus - my - myv - mzn - na - nah - nap - nds - nds_nl - ne - new - ng - nl - nn - no - nov - nrm - nv - ny - oc - om - or - os - pa - pag - pam - pap - pdc - pi - pih - pl - pms - ps - pt - qu - quality - rm - rmy - rn - ro - roa_rup - roa_tara - ru - rw - sa - sah - sc - scn - sco - sd - se - sg - sh - si - simple - sk - sl - sm - sn - so - sr - srn - ss - st - stq - su - sv - sw - szl - ta - te - tet - tg - th - ti - tk - tl - tlh - tn - to - tpi - tr - ts - tt - tum - tw - ty - udm - ug - uk - ur - uz - ve - vec - vi - vls - vo - wa - war - wo - wuu - xal - xh - yi - yo - za - zea - zh - zh_classical - zh_min_nan - zh_yue - zu

Static Wikipedia February 2008 (no images)

aa - ab - af - ak - als - am - an - ang - ar - arc - as - ast - av - ay - az - ba - bar - bat_smg - bcl - be - be_x_old - bg - bh - bi - bm - bn - bo - bpy - br - bs - bug - bxr - ca - cbk_zam - cdo - ce - ceb - ch - cho - chr - chy - co - cr - crh - cs - csb - cu - cv - cy - da - de - diq - dsb - dv - dz - ee - el - eml - en - eo - es - et - eu - ext - fa - ff - fi - fiu_vro - fj - fo - fr - frp - fur - fy - ga - gan - gd - gl - glk - gn - got - gu - gv - ha - hak - haw - he - hi - hif - ho - hr - hsb - ht - hu - hy - hz - ia - id - ie - ig - ii - ik - ilo - io - is - it - iu - ja - jbo - jv - ka - kaa - kab - kg - ki - kj - kk - kl - km - kn - ko - kr - ks - ksh - ku - kv - kw - ky - la - lad - lb - lbe - lg - li - lij - lmo - ln - lo - lt - lv - map_bms - mdf - mg - mh - mi - mk - ml - mn - mo - mr - mt - mus - my - myv - mzn - na - nah - nap - nds - nds_nl - ne - new - ng - nl - nn - no - nov - nrm - nv - ny - oc - om - or - os - pa - pag - pam - pap - pdc - pi - pih - pl - pms - ps - pt - qu - quality - rm - rmy - rn - ro - roa_rup - roa_tara - ru - rw - sa - sah - sc - scn - sco - sd - se - sg - sh - si - simple - sk - sl - sm - sn - so - sr - srn - ss - st - stq - su - sv - sw - szl - ta - te - tet - tg - th - ti - tk - tl - tlh - tn - to - tpi - tr - ts - tt - tum - tw - ty - udm - ug - uk - ur - uz - ve - vec - vi - vls - vo - wa - war - wo - wuu - xal - xh - yi - yo - za - zea - zh - zh_classical - zh_min_nan - zh_yue - zu