Prasasti Kebon Kopi 2
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Prasasti Kebon Kopi 2 atawa prasasti Rakryan Juru Pangambat mangrupakeun prasasti titinggal jaman Tarumanagara, nu dijieun taun 458 Saka (536 M). Prasasti ieu kapendak di Pasir Muara, sisi sawah, teu jauh ti prasasti Tapak Gajah titinggal Purnawarman.
[édit] Eusi
Alih aksara:
- ini sabdakalanda rakryan juru pangambat i kawihaji panyca pasagi marsan desa barpulihkan haji sunda
Alihbasa, numutkeun Bosch:
- Ieu tanda sabda Rakryan Juru Pangambat dina taun kawihaji (8) panca (5) pasagi (4), pamaréntahan nagara dipulihkeun ka raja Sunda.
[édit] Sumber rujukan
- Saléh Danasasmita. 1983. Sejarah Bogor (bag. I). Pemda DT II Bogor.