Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Sanghyang Siksa Kanda ng Karesyan mangrupakeun hiji pustaka Sunda nu ku sawatara ahli digolongkeun kana pustaka énsiklopédik nu ditulis taun 1440 Saka (1518 M) dina basa Sunda.
Daptar eusi |
[édit] Naskah
Sanghyang Siksa Kanda ng Karesyan kapanggih salaku naskah nu ditulis dina daun nipah maké pangot (koléksi Perpustakaan Nasional nomer invéntaris Kr. 630).
[édit] Eusi
Eusi Sanghyang siksa kanda ng karesyan ngawengku dua bagian. Nu kahiji disebut Dasakreta salaku "kundangeun urang réa" (ajaran ahlak jeung pancén unggal jalma), sedengkeun nu kadua disebut Darma pitutur nu eusina hal-hal ngeunaan pangaweruh nu sawadina dipimilik ku unggal jalma sangkan hirupna mawa guna di dunya.
Najan pustaka ieu nyebut manéh "karesyan", eusina mah teu ukur ngeunaan kahirupan kaom agamawan, malah loba nu patali jeung kaparigelan hirup nurutkeun ajaran darma.
[édit] Élmu pangaweruh
Bagian nu patali jeung élmu pangaweruh aya dina darma pitutur, sakumaha kaunggel dina "panganteur" di handap,
- "kitu kéh urang janma ini. lamun dék nyaho di puhun suka lawan enak ma ingetkeun saur sang darma pitutur... kalinganya, kita jarangg dék ceta, ulah salah geusan nanya..."
Panganteur ieu lajeng diteruskeun ku medar rupa-rupa pangaweruh: kahirupan tutuwuhan, sasatoan, carita, tembang, kaulinan, carita pantun, lukisan, ukiran, panday, kaén, papasakan, agama, perang jeung siasat perang, jangjawokan, jampé, palintangan, nagara, jsb.
Pustaka ieu nyebutkeun yén di wilayah karajaan Sunda dina mangsa harita geus mikawanoh rupa-rupa basa: ayana kasab jurubasa darmamurcaya sarta disebutkeunana basa-basa deungeun kayaning Cina, Keling, Parsi, Mesir, Samudra, Makasar, Pahang, Kalantan, Maluku, Jawa, Campa, jsb.
[édit] Kasenian
Najan masarakat Sunda umumna bisa dianggap salaku masarakat huma, ceuk SSKK mah kahirupan karohanian jeung kabudayaan mah tetep tumuwuh: ayana kahirupan karaton, mandala atawa désa, atawa gabungan ti dua éta.
Karya sastra nu disebutkeun dina SSKK némbongkeun ayana pangaruh sastra Jawa jeung India. Nu dianggap pituin Sunda mah nyaéta tradisi lisan carita pantun, kawih, jeung kaulinan barudak nu tumuwuh di masarakat.
[édit] Sumber rujukan
- Ayatrohaédi & Sri Saadah. 1995. Jatiniskala: kehidupan kerohanian masyarakat Sunda sebelum Islam. Proyek Pengkajian dan Pembinaan Nilai-nilai Budaya Pusat, Direktorat Sejarah dan Nilai Tradisional, Direktorat Jenderal Kebudayaan, Departemen Pedidikan dan Kebudayaan, Jakarta.
[édit] Bacaan salajengna
- Suhamir. 1961. Catetan sajarah Sunda II: hiji énsiklopédi Sunda. Kalawarta Kujang: 290.
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |