Obrolan:Statistika
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Kade ulah patukeur antara kecap “Statistik” jeung “Statistika”. Statistika hartina elmu anu mgawengku kana cara-cara ngumpulkeun data, ngolah data, natili data (analisa) jeung narik kasimpulan anu ngadasarkeun tina eta data. Ari ”Statistik” mah nyaeta angka-angka atawa data (contona data umur, jumlah warga jeung lain nu sejena).
Cara ngumpulkeun data aya dua cara nyaeta sensus jeung sampling. Sensus hartina ngumpulkeun data kucara ngadata sakabeh objek tina populasi. Ari sampling mah nyaeta ngumpulkeun data kucara ngadata sawareh objek tina populasi (sampel).