Leukosit
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Sél getih bodas (ogé disebut leukosit atawa sél imun) mangrupakeun salasahiji komponén getih nu pancénna mantuan pertahanan awak ngalawan kasakit inféksi jeung bahan asing salaku bagian tina sistim imun. Normalna mah aya kana 4x109 nepi ka 11x109 sél getih bodas dina saléter getih jalma sawawa nu walagri - kira 7000-25000 sél per keclak. Dina kasus leukemia, jumlahna bisa nérékél nepi ka 50000 sél per keclak.
Sakumaha dina getih, sél getih bodas aya ogé dina sistim limfatik, limpa, jeung jaringan lianna.
Daptar eusi |
[édit] Tipe
Aya tilu tipe utama sél getih bodas.
[édit] Granulosit
Granulosit mangrupakeun hiji kategori sél getih bodas nu cirina nyoko kana béda kelir granul dina sitoplasmana nalika diwarnaan sarta ditempo maké mikroskop cahya: neutrofil, basofil, jeung éosinofil (dingaranan dumasar pasipatan pewarnaanana).
[édit] Limfosit
Limfosit leuwih ilahar aya dina sistim limfatik, kaasup nu katelah killer T-cells. Dina getih aya tilu tipe limfosit: sél B, sél T, jeung sél NK (natural killer cell). Sél B ngahasilkeun antibodi nu ngabeungkeut patogén nu salajengna diancurkeun. Sél T (helper) CD4+ ngordinir réspon imun (sél ieu nu ruksak dina inféksi HIV téh). Sél T (sitotoksik) CD8+ jeung sél NK bisa maéhan sél awak nu kainféksi ku virus.
[édit] Monosit
Lian ti pancén lianna, monosit babagi pancén 'vacuum cleaner' jeung neutrofil. Monosit némbongkeun popotongan patogén ka sél T sahingga patogénna bisa diapalkeun sarta gampang diperuhkeun nalika nyerang deui. Monosit ogé katelah makrofag lamun geus ninggalkeun aliran getih sarta asup kana jaringan.
Tipe | Gambar | Diagram | % dina manusa | Katerangan |
Neutrofil | ![]() |
![]() |
65% | Neutrofil patali jeung pertahanan awak urang ngalawan inféksi baktéri jeung prosés peradangan leutik lianna sarta biasana ogé nu sok méré tanggapan pangheulana kana inféksi baktéri; aktivitas jeung paéhna neutrofil dina jumlah nu loba nyababkeun ayana nanah. |
Éosinofil | ![]() |
![]() |
4% | Éosinofil utamana patali jeung inféksi parasit sarta ningkatna éosinofil nandaan yén loba parasit. |
Basofil | ![]() |
![]() |
<1% | Basofil utamana tanggung jawab pikeun méré réaksi alérgi jeung antigén ku jalan ngaluarkeun histamin kimia nu nyababkeun peradangan. |
Limfosit | ![]() |
![]() |
25% | Limfosit leuwih ilahar dina sistim limfa. Getih miboga tilu tipe limfosit:
|
Monosit | ![]() |
![]() |
6% | Monosit ngabagi fungsi "pameresih vakum" (fagositosis) tina neutrofil, tapi leuwih jauh hirup sabab miboga tugas tambahan: méré potongan patogén ka sél T sahingga éta patogén bisa diapalkeun sarta diperuhkeun, atawa sahingga tanggapan antibodi bisa dipaké keur ngajaga. |
Makrofag | ![]() |
![]() |
(tempo di luhur) | Monosit katelah ogé minangka makrofag sanggeus pindah tina aliran getih sarta asup kana jaringan. |
[édit] Panyakit
- Leukopénia, kasakit nu ditunjukkeun ku kurangna kadar sél getih bodas dina getih.
- Leukositosis, nujul ka luhurna kadar/jumlah sél getih bodas dina getih.
- Leukemia jeung limfoma, dua tipe kangker alatan teu kakontrolna produksi sél getih bodas.
[édit] Sél jaringan séjén
- Histiosit, aya dina sistim limfa jeung jaringan lianna, tapi teu ilahar dina getih:
- Makrofag
- Sél déndritik
- Sél Mast
[édit] Gambar tambahan
[édit] Baca ogé
- Leukoréduksi
- Limfadénitis
- Fagositosit
[édit] Sumber rujukan
- White blood cell, Wikipédia édisi basa Inggris per 29 Nopémber 2005.
[édit] Tumbu kaluar
Sistim kardiovaskular - Getih |
Sél getih beureum - Sél getih bodas - Platélét - Plasma getih - Sél stém hémopoiétik pluripoténsial |
Sél getih bodas |
Granulosit (Granulosit Neutrofil, Granulosit éosinofil, Granulosit basofil) - Limfosit - Monosit |
Koagulasi |
Faktor koagulasi: - Fibrin (I) - (Pro)trombin (II) - FV - FVII - FVIII - FIX - FX - FXI - FXII - FXIII - HMWK - vWF - Faktor jaringan |
Inhibitor: Antitrombin - Protéin C - Protéin S - Protéin Z - ZPI - TFPI |
Fibrinolisis: Plasmin - tPA/urokinase - PAI-1/2 - α2-AP - TAFI |
Sistim imun |
Sistim imun humoral - Sistim imun sélular - Sistim limfatik - Limfosit - Antibodi - Antigén (MHC) |