Bledug Kuwu
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Bledug kuwu nyaéta hiji fénoména gunung api leutak (mud volcano) nu aya di Désa Kuwu, Kacamatan Kradenan, Kabupatén Purwodadi, Propinsi Jawa Tengah. Bituna ieu leutak ngandung uyah sarta lumangsung ampir terus-terusan.
[édit] Legenda
Nurutkeun carita, Bledug Kuwu téh liangna nyambung nepi ka Laut Kidul. Liang ieu mangrupa torowongan urut jalan balik Jaka Linglung ti Laut Kidul ka Karajaan Medang Kamulan satutasna manéhna ngéléhkeun Prabu Déwata Cengkar nu geus robah jadi buhaya bodas di Laut Kidul. Jaka Linglung bisa nyieun liang sarupa kitu sabab manéhna bisa ngarupakeun oray naga salaku sarat sangkan diaku salaku anak Aji Saka.
[édit] Géologi
Sacara géologis, fénoména gunung api leutak ieu teu anéh. Di tempat séjén loba kajadian nu sarupa kieu, di antarana di Palo Seco, Républik Trinidad & Tobago, Afrika.
[édit] Kandungan uyah
Ayana Bledug Kuwu ieu, nu caina ngandung uyah, ku masarakat sabudeureunana dimangpaatkeun pikeun bahan nyieun uyah sacara tradisional. Carana ku nampung cai tina Bledug Kuwu kana glagah (awi nu dibeulah dua), lajeng digaringkeun.