Kabupatén Purworejo
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
![]() |
|
|
|
Motto | - |
Propinsi | Jawa Tengah |
Ibukota | Purworejo |
Lega Wilayah | 1.034 km² |
Kordinat | - |
Pangeusi | |
· Jumlah | 709.000 (2003) |
· Kapadetan | 685 jiwa/km² |
Administratif | |
· Kacamatan | 16 |
· Désa/ kalurahan |
- |
Dasar hukum | UU No. 13/1950 |
Tanggal | - |
Bupati | - |
Kode area telepon | 0275 |
DAU | Rp. 281.270.000.000 |
Situs web resmi: - |
Kabupatén Purworejo (Basa Jawa: Purwareja), nyaéta salasahiji kabupatén di Propinsi Jawa Tengah. Ibukotana nyaéta Purworejo. Kabupatén ieu wawatesan jeung Kabupatén Wonosobo sarta Kabupatén Magelang di beulah kalér, Propinsi Daérah Istiméwa Yogyakarta di beulah wétan, Sagara Indonésia di beulah kidul, sarta Kabupatén Kebumen di beulah kuloneunnana.
Daptar eusi |
[édit] Géografi
Beulah kidul wewengkon Kabupatén Purworejo mangrupakeun dataran handap. Beulah kalérna mangrupa pagunungan, bagéan tina Pagunungan Serayu. Dina wawatesan jeung DIY, aya Pagunungan Menoréh.
Purworejo aya dina jalur utama lintas kidul Pulo Jawa. Kabupatén ieu ogé diliwatan ku jalur kareta api, nu stasion panggedéna aya di Kutoarjo.
[édit] Babagian Administratif
Kabupatén Purworejo ngawengku 16 kacamatan, nu dibagi deui kana sajumlah désa jeung kalurahan. Pusat pamaréntahannana aya di Kacamatan Purworejo. Kacamatan-kacamatan di Purworejo nyaéta:
- Kacamatan Bagelén
- Kacamatan Banyuurip
- Kacamatan Bayan
- Kacamatan Bener
- Kacamatan Bruno
- Kecamatan Butuh
- Kacamatan Gebang
- Kacamatan Grabag
- Kacamatan Kaligesing
- Kacamatan Kemiri
- Kacamatan Kutoarjo
- Kacamatan Loano
- Kacamatan Ngombol
- Kacamatan Pituruh
- Kacamatan Purwodadi
- Kacamatan Purworejo
[édit] Sajarah
Prasasti Kayu Ara Hiwang kapanggih di Désa Boro Wétan (Kacamatan Banyuurip), anu lamun dikonvérsikeun kana kalénder Maséhi nyaéta tanggal 5 Oktober 901.
Tata kota Purworejo mangrupakeun warisan tata guna lahan ti jaman pamaréntahan Hindia Walanda. Sajumlah wangunan kuno masih karawat tur dipigunakeun nepi ka kiwari, diantarana Masjid Jami' Purworejo (taun 1834), bumi dines bupati (taun 1840), jeung wangunan nu kiwari dipikawanoh minangka Gareja GPIB (taun 1879). Alun-alun Purworejo legana 6 héktar, cénah mah mangrupakeun alun-alun panggedéna di Pulo Jawa.
[édit] Paékonomian
[édit] Pertanian
Aktivitas ékonomi kabupatén ieu gumantung kana séktor pertanian, diantarana paré, jagong, sampeu, jeung hasil palawija lianna. Séntra paré aya di Kacamatan Ngombol, Purwodadi, jeung Banyuurip. Jagong utamana dihasilkeun di Kacamatan Bruno. Sampeu kalolobaannana dihasilkeun di Kacamatan Pituruh.
![]() |
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Indonesia. Bantosanna diantos kanggo narjamahkeun. |
[édit] Inohong ti Purworejo
- Jan Toorop, pelukis Walanda.
|
![]() |
---|---|
Kabupatén: Banjarnegara | Banyumas | Batang | Blora | Boyolali | Brebes | Cilacap | Demak | Grobogan | Jepara | Karanganyar | Kebumén | Kendal | Klatén | Kudus | Magelang | Pati | Pekalongan | Pemalang | Purbalingga | Purworejo | Rembang | Semarang | Sragén | Sukoharjo | Tegal | Temanggung | Wonogiri | Wonosobo |
|
Kabupatén Purworejo, Jawa Tengah |
|
---|---|
Kacamatan: Bagelén | Banyuurip | Bayan | Bener | Bruno | Butuh | Gebang | Grabag | Kaligesing | Kemiri | Kutoarjo | Loano | Ngombol | Pituruh | Purwodadi | Purworejo | |