Endog
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Endog, pikeun sababaraha sato, mangrupakeun zigot hasil fértilisasi ovum. Sato ovipar hartina sato nu ngendog, teu tumuwuh (paling aya gé saeutik) dina jero indungna. Ieu mangrupakeun cara baranahan rupa-rupa lauk, Amfibi, jeung réptil, sakabéh unggas, monotréma, sarta kalolobaan serangga jeung arachnid.
Endog réptil, unggas, jeung monotréma dibungkus ku cangkang, boh nu leuleus atawa nu heuras. Endog "manuk onta" (burung unta, ostrich) nu beuratna nepi ka 1,5 kilo mangrupakeun sél tunggal pangbadagna nu kanyahoan, najan Aepyornis jeung dinosaurus nu geus parunah sabenerna endogna leuwih gedé, sedengkeun nu pangleutikna ti golongan unggas mah nyaéta endog bee hummingbird. Endog réptil jeung kalolobaan lauk ukuranana leuwih leutik, komo endog serangga jeung invertebrata lianna mah.
Daptar eusi |
[édit] Endog unggas
Sanggeus dibuahan, endog unggas diteundeun dina sayang ku indungna sangkan haneut nepi ka megarna.
[édit] Kelir
Kelir endog téh rupa-rupa gumantung satona. Nu nangtukeun kelir endog unggas nyaéta pigmén protoporfirin, biliverdin, jeung kelat séng jeung biliverdin. Pigmén ieu disékrésikeun ku sél-sél dina pinding oviduk. Kelir ieu bisa jadi penting pisan pikeun kamuflase atawa ciri.
Béda jeung unggas, endog réptil modérn mah kabéhanana gé bodas.
[édit] Struktur cangkang
Endog mah ilaharna lemes, tapi aya ogé nu kasar. Aya nu hérang, aya ogé nu ngaminyak sarta teu tembus cai.
Cangkang endog téh aya porian, sangkan nu can megar bisa ngarénghap. Endog hayam kampung, misalna, dina cangkangna téh aya kana 7500 pori.
[édit] Bentuk
Bentuk endog unggas lolobana lonyod nu rada méncos di salasahiji sisina; kabentuk nalika endog dikaluarkeun tina oviduk indungna.
[édit] Prédasi
Aya sababaraha sato nu sok ngahakan endog, kayaning careuh, ganggarangan, jeung gagak. Aya ogé oray nu kadaharanana ukur endog.
[édit] Baca ogé
- Konéng endog
- Bodas endog
- Sayang
- Oologi - ulikan atawa ngoléksi endog.
[édit] Sumber rujukan
- Egg, Wikipédia édisi basa Inggris per 7 Désémber 2005