Liang Heunceut
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Liang Heunceut (Basa Latinna vagina, hartina "sarangka"), nyaéta jalan nyolobong ti mimiti uterus nepi ka bagian luar awak bikang mamalia, atawa nepi ka kloaka na manuk bikang sarta sababaraha réptil. Serangga bikang jeung invertebrata séjénna ogé boga heunceut, nu mangrupa bagian tungtung oviduk.
Pikeun tujuan anatomi, vagina bisa ngandung harti struktur naon waé salaku sarangka, saperti dina heunceut véna portal. Conto séjén nyaéta sarangka serat sabudeureun téndon, disebutna vagina fibrosa nalika padet atawa vagina mucosa nalika ngandung rongga nu pinuh ku cairan sabudeureun téndon.
Dina basa Sunda, kecap heunceut ogé dilarapkeun pikeun nuduhkeun bagian nu liangan dina hiji barang. Misalna, heunceut jarum, nu maksudna liang nu aya na jarum kaput.
[édit] Liang Heunceut manusa
Liang Heunceut ngarupakeun solobong otot nu élastis nu panjangna kira 4 inci (100 mm) nu nyambungkeun heunceut di bagian luar, ka sérvix uterus di bagian jero. Mun wanoja ngadeg ajeg, solobong heunceut nangtung déngdék ka tukang ngabentuk juru saeutik leuwih ti 90 darajat jeung uterus. Liang heunceut aya di bagian tukang palawangan (vulva), tukangeun liang kahampangan.
Sacara biologis, heunceut ngajalankeun sababaraha fungsi:
- ngasupkeun sirit nalika sanggama dina raraga nepungkeun gamét (spérma) na mani pikeun fértilisasi sél endog.
- jalan pikeun ngalahirkeun utun inji tina uterus.
- jalan pikeun ngaluarkeun cairan héd.
Nalika rarasmi, heunceut ngalegaan sarta manjangan; leuleueur heunceut kaluar tina kalenjar deukeut lawang heunceut jeung sérvix.
Selaput dara—mémbran nu aya tukangeun lawang urétra—sabagian nutupan heunceut sababaraha organisme, kaasup manusa (wanoja), ti babar nepi ka ditembus nalika munggaran sapatemon, atawa bisa ogé alatan kagiatan séjén kaasup papariksaan médis, kacilakaan, sababaraha rupa latihan, jsb.
[édit] Tempo Ogé
- Cacad heunceut
- Kaséhatan heunceut
- Kalenjar Skene
- G-spot.
[édit] Tumbu Luar
- (en) Vagina Institute
Sistim baranahan |
Wanoja: Serviks - Itil - Solobong fallopi - Kalenjar Bartholin - Hymen - Kalenjar susu - Ovarium - Kalenjar Skene - Urétra - Uterus - Heunceut |
Lalaki: Kalenjar bulburétral - Kalenjar cowper - Saluran éjakulatori - Épididimis - Sirit - Prostat - Kanjut - Kantong mani - Tali spérmatik - Téstis - Urétra - Vas deferens |