New Immissions/Updates:
boundless - educate - edutalab - empatico - es-ebooks - es16 - fr16 - fsfiles - hesperian - solidaria - wikipediaforschools
- wikipediaforschoolses - wikipediaforschoolsfr - wikipediaforschoolspt - worldmap -

See also: Liber Liber - Libro Parlato - Liber Musica  - Manuzio -  Liber Liber ISO Files - Alphabetical Order - Multivolume ZIP Complete Archive - PDF Files - OGG Music Files -

PROJECT GUTENBERG HTML: Volume I - Volume II - Volume III - Volume IV - Volume V - Volume VI - Volume VII - Volume VIII - Volume IX

Ascolta ""Volevo solo fare un audiolibro"" su Spreaker.
CLASSICISTRANIERI HOME PAGE - YOUTUBE CHANNEL
Privacy Policy Cookie Policy Terms and Conditions
Lodaya - Wikipédia

Lodaya

Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas

Lodaya atawa maung lodaya (Panthera tigris) nyaéta mamalia kulawarga Felidae, salah sahiji maung nu asup kana marga Panthera. Sakumaha ilaharna bangsa maung, lodaya téh karnivora.

Lodaya
Status konservasi: Kaancam punah
Lodaya
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Fila: Chordata
Kelas: Mamalia
Ordo: Karnivora
Kulawarga: Felidae
Marga: Panthera
Spésiés: P. tigris
Ngaran binomial
Panthera tigris
(Linnaeus, 1758)

Lodaya lolobana hirup di leuweung jeung tatar jukut (nu luyu pikeun kamuflasena). Ti antara sadaya ucing badag, ukur lodaya jeung jaguar nu bisaan ngojay, sakumaha urang biasa manggihan lodaya keur ngojay di situ atawa wahangan. Lodaya ilaharna moro sorangan, ngamangsa utamana hérbivora sedeng kayaning uncal, mencek, jeung bagong. Sigana ukur manusa nu mangrupa prédator lodaya, nyaéta dina raraga moro jeung pikeun ngarah siritna, nu ceuk sakaol, padahal teu bener, mangrupakeun afrodisiak. Alatan ruksak habitatna jeung diboro, populasi lodaya beuki nyirorot sahingga asup kana daptar spésiés nu kaancam punah. Lodaya mangrupakeun salasahiji sato nu aya dina punclut ranté dahareun.

Daptar eusi

[édit] Dedegan

Ciri pisik lodaya gumantung kana subspésiésna. Sacara umum, nu jalu beuratna 150 - 310 kg (330 lb - 680 lb), sedengkeun nu bikang 100 - 160 kg (220 lb - 350 lb). Panjangna, nu jalu 2.6 - 3.3 méter (8'6" - 10'9"), sedengkeun nu bikang 2.3 - 2.75 méter (7'6" - 9'). Ti antara subspésiés lodaya nu aya, Lodaya Corbetts téh nu pangleutikna, sedengkeun nu pangbadagna mah Amur.

Lodaya Bodas
Lodaya Bodas

Warna dasar bulu lodaya nyaéta antara konéng nepi ka semu beureum, kalawan bodas lebah dada, beuheung, jeung sela suku. Varian résésif nu ilahar nyaéta bodas, nu bisa borojol ti campuran nu cocog; bodas ieu lain albino. Lodaya hideung melanistik ogé kungsi kabéjakeun, tapi conto hirupna teu kungsi karékam. Aya ogé lodaya emas (Ing. golden tabby tigers, golden tigers, atawa tabby tigers) nu buluna warna emas nu leuwih caang batan warna lodaya biasa, sedengkeun welangna coklat. Variasi warna ieu jarang pisan, nu ukur aya di panginguan.

Polét lodaya warnana rupa-rupa, ti hawuk nepi ka hideung meles. Bentuk jeung kandelna béda gumantung subspésiésna, ilaharna leuwih ti saratus polét (Lodaya Jawa mibanda polét nu leuwih loba). Pola welang lodaya unik béda di unggal sato, sahingga bisa dipaké pikeun ngabédakeun hiji hijina, sakumaha sidik ramo dipaké pikeun ngabédakeun hiji jalma. Tapi, cara ieu teu dipiresep alatan héséna ngarékam pola welang lodaya liar. Welang ieu kamungkinan penting pikeun kamuflase, sahingga lodaya bisa nyumputkeun manéh ti mangsana.

[édit] Cara maéhan

Lodaya Siberia (Panthera tigris altaica)
Lodaya Siberia (Panthera tigris altaica)

Lodaya biasa nalukkeun mangsana ti mana baé, biasana mah dibongohan, ngégél beuheungna nepi ka tikorona mites atawa megatkeun saluran getihna.

Salaku jago ngojay, kadang lodaya moro mangsana bari ngojay. Malah kungsi kabéjakeun lodaya ngadodoho parahu nu ngala lauk.

[édit] Subspésiés

Lodaya kabagi kana dalapan subspésiés, tilu di antarana geus dianggap lastari, sarta hiji ampir punah. Lodaya (kungsi) hirup di Rusia, Sibéria, Iran, Afganistan, India, Cina, jeung Asia tenggara, kaasup kapuloan Sunda. Di antara nu aya kénéh, nyaéta:

  • Lodaya Bengali (Panthera tigris tigris) kapanggih di sapanjang leuweung jeung tatar jukut Bangladés, Butan, Cina, India, jeung Népal, nu diaku salaku sato nasional ku Bangladés jeung India. Populasi liarna kira 3000 nepi ka 4600, lolobana aya di India jeung Bangladés. Ieu lodaya kiwari keur kadéséh pisan boh alatan ngurangan habitatna jeung diboro; sababaraha resép kadokteran Cina (hususna pikeun nambaan peluh) merlukeun bagian awak lodaya. Project Tiger, hiji proyék konservasi nu medal taun 1972, saeutikna geus bisa ngabantu pikeun ngajaga subspésiés ieu.
Lodaya Bengali (Panthera tigris tigris)
Lodaya Bengali (Panthera tigris tigris)
  • Lodaya Indocina (Panthera tigris corbetti), ogé disebut lodaya Corbetts, hirup di Kamboja, Cina, Laos, Malaysia, Myanmar, Muangtai, jeung Viétnam. Populasina antara 1200–1800, tapi sigana mah kurang ti sakitu. Populasi panglobana aya di Malaysia, nu ngontrol pamoroanana kalawan ketat, tapi tetep baé populasina kaancam ku fragmentasi habitat jeung inbreeding. Di Viétnam, ampir sapertilu lodaya ditelasan pikeun masok farmasi Cina, sarta pikeun masarakat miskin dianggap salaku sumber upajiwa.
  • Lodaya Sumatra (Panthera tigris sumatrae) ukur aya di pulo Sumatra, Indonésia. Populasi liarna kira ukur 400 - 500, nu utamana aya di lima taman nasional. Uji genetik geus hasil ngagali ayana marka genetik unik, nu nandakeun prosés tumuwuhna spésiés anyar (mun teu kaburu punah). Hasil ieu nunjukkeun pentingna ngaheulakeun konservasi Lodaya Sumatra batan subspésiés séjén. Diranjahna habitat jadi sabab utama ancaman kana kahirupan Lodaya Sumatra (ngabalak leuweung, kaasup di taman nasional), najan kabéjakeun aya 66 nu ditémbak/diboro antara taun 1998 jeung 2000—ampir 20% tina populasi total.
  • Lodaya Sibéria (Panthera tigris altaica), ogé katelah lodaya Amur, Mansuria atawa lodaya Cina Kalér, ampir sagemblengna aya di Rusia wétan nu kiwari dijaga. Kiwari aya kurang ti 400 nu liar, nu sigana populasi-populasina geus teu bisa dipaké sacara genetik, alatan geus lobana inbreeding.
Lodaya Sumatra (Panthera tigris sumatrae)
Lodaya Sumatra (Panthera tigris sumatrae)
  • Lodaya Cina Kidul (Panthera tigris amoyensis), ogé katelah lodaya Amoy atawa Siamén, subspésiés nu paling kaancam punah, malah nu liar mah ti saprak kapanggih terus ditémbak nepi ka paéhna taun 1994, teu kungsi kawénéhan deui di habitat alamina nepi ka kiwari. Taun 1959, Mao Setung ngumumkeun yén lodaya dianggap hama, sahingga jumlahna nyirorot pisan, ti 4000-an leuwih jadi 200-an taun 1976. Taun 1977 pamaréntah Cina malikkeun undang-undang ieu, sarta nyaram diborona lodaya liar, tapi kawijakan ieu geus telat teuing pikeun nyalametkeun subspésiés ieu. Kiwari, di Cina aya 59 lodaya Cina inguan, nu borojol ukur ti genep indung. Balukarna, karageman genetik nu dipikabutuh pikeun mertahankeun subspésiésna geus teu aya, sahingga kapunahanana geus aya na lawang panto.

[édit] Lastari

  • Lodaya Jawa (Panthera tigris sondaica) ngan aya di pulo Jawa, Indonésia. Sigana subspésiés ieu punah taun 1980-an, alatan diboro jeung ruksak habitatna ti taun 1950-an mula (taun sakitu téh dikira-kira populasi lodaya geus tinggal 25-an), malah ti jaman Hindia-Walanda sato ieu téh geus diboro pikeun kasenangan para pangagung Walanda. Lodaya Jawa kasaksian kénéh taun 1979.
  • Lodaya Kaspia atawa Lodaya Pérsia (Panthera tigris virgata) kungsi aya di Afganistan, Iran, Irak, Pakistan, Uni Sovyét baheula, jeung Turki. Punah taun 1960-an, sabab taun 1968 kungsi kénéh katempo.
  • Lodaya Bali (Panthera tigris balica) ngan aya di Bali. Ieu lodaya diboro nepi ka punahna—Lodaya Bali pamungkas (sigana) dipaéhan di Sumbar Kima, Bali Kulon, tangal 27 Séptémber 1937; nu mangrupa bikang sawawa. Ieu lodaya masih kénéh mibanda ajén penting dina ageman Hindu Bali.

[édit] Lodaya dina pustaka jeung budaya Sunda

(kosong kénéh, mangga eusian)

[édit] Baca ogé

  • Smilodon (kawentar ogé dina sebutan lodaya huntu gobang)
  • Candi Lodaya, candi Buda di Muangtai

[édit] Rujukan

  • Jim Corbett. 1946. Man-eaters of Kumaon. Oxford University Press.

[édit] Tumbu kaluar

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca

Static Wikipedia (no images)

aa - ab - af - ak - als - am - an - ang - ar - arc - as - ast - av - ay - az - ba - bar - bat_smg - bcl - be - be_x_old - bg - bh - bi - bm - bn - bo - bpy - br - bs - bug - bxr - ca - cbk_zam - cdo - ce - ceb - ch - cho - chr - chy - co - cr - crh - cs - csb - cu - cv - cy - da - de - diq - dsb - dv - dz - ee - el - eml - en - eo - es - et - eu - ext - fa - ff - fi - fiu_vro - fj - fo - fr - frp - fur - fy - ga - gan - gd - gl - glk - gn - got - gu - gv - ha - hak - haw - he - hi - hif - ho - hr - hsb - ht - hu - hy - hz - ia - id - ie - ig - ii - ik - ilo - io - is - it - iu - ja - jbo - jv - ka - kaa - kab - kg - ki - kj - kk - kl - km - kn - ko - kr - ks - ksh - ku - kv - kw - ky - la - lad - lb - lbe - lg - li - lij - lmo - ln - lo - lt - lv - map_bms - mdf - mg - mh - mi - mk - ml - mn - mo - mr - mt - mus - my - myv - mzn - na - nah - nap - nds - nds_nl - ne - new - ng - nl - nn - no - nov - nrm - nv - ny - oc - om - or - os - pa - pag - pam - pap - pdc - pi - pih - pl - pms - ps - pt - qu - quality - rm - rmy - rn - ro - roa_rup - roa_tara - ru - rw - sa - sah - sc - scn - sco - sd - se - sg - sh - si - simple - sk - sl - sm - sn - so - sr - srn - ss - st - stq - su - sv - sw - szl - ta - te - tet - tg - th - ti - tk - tl - tlh - tn - to - tpi - tr - ts - tt - tum - tw - ty - udm - ug - uk - ur - uz - ve - vec - vi - vls - vo - wa - war - wo - wuu - xal - xh - yi - yo - za - zea - zh - zh_classical - zh_min_nan - zh_yue - zu -

Static Wikipedia 2007 (no images)

aa - ab - af - ak - als - am - an - ang - ar - arc - as - ast - av - ay - az - ba - bar - bat_smg - bcl - be - be_x_old - bg - bh - bi - bm - bn - bo - bpy - br - bs - bug - bxr - ca - cbk_zam - cdo - ce - ceb - ch - cho - chr - chy - co - cr - crh - cs - csb - cu - cv - cy - da - de - diq - dsb - dv - dz - ee - el - eml - en - eo - es - et - eu - ext - fa - ff - fi - fiu_vro - fj - fo - fr - frp - fur - fy - ga - gan - gd - gl - glk - gn - got - gu - gv - ha - hak - haw - he - hi - hif - ho - hr - hsb - ht - hu - hy - hz - ia - id - ie - ig - ii - ik - ilo - io - is - it - iu - ja - jbo - jv - ka - kaa - kab - kg - ki - kj - kk - kl - km - kn - ko - kr - ks - ksh - ku - kv - kw - ky - la - lad - lb - lbe - lg - li - lij - lmo - ln - lo - lt - lv - map_bms - mdf - mg - mh - mi - mk - ml - mn - mo - mr - mt - mus - my - myv - mzn - na - nah - nap - nds - nds_nl - ne - new - ng - nl - nn - no - nov - nrm - nv - ny - oc - om - or - os - pa - pag - pam - pap - pdc - pi - pih - pl - pms - ps - pt - qu - quality - rm - rmy - rn - ro - roa_rup - roa_tara - ru - rw - sa - sah - sc - scn - sco - sd - se - sg - sh - si - simple - sk - sl - sm - sn - so - sr - srn - ss - st - stq - su - sv - sw - szl - ta - te - tet - tg - th - ti - tk - tl - tlh - tn - to - tpi - tr - ts - tt - tum - tw - ty - udm - ug - uk - ur - uz - ve - vec - vi - vls - vo - wa - war - wo - wuu - xal - xh - yi - yo - za - zea - zh - zh_classical - zh_min_nan - zh_yue - zu -

Static Wikipedia 2006 (no images)

aa - ab - af - ak - als - am - an - ang - ar - arc - as - ast - av - ay - az - ba - bar - bat_smg - bcl - be - be_x_old - bg - bh - bi - bm - bn - bo - bpy - br - bs - bug - bxr - ca - cbk_zam - cdo - ce - ceb - ch - cho - chr - chy - co - cr - crh - cs - csb - cu - cv - cy - da - de - diq - dsb - dv - dz - ee - el - eml - eo - es - et - eu - ext - fa - ff - fi - fiu_vro - fj - fo - fr - frp - fur - fy - ga - gan - gd - gl - glk - gn - got - gu - gv - ha - hak - haw - he - hi - hif - ho - hr - hsb - ht - hu - hy - hz - ia - id - ie - ig - ii - ik - ilo - io - is - it - iu - ja - jbo - jv - ka - kaa - kab - kg - ki - kj - kk - kl - km - kn - ko - kr - ks - ksh - ku - kv - kw - ky - la - lad - lb - lbe - lg - li - lij - lmo - ln - lo - lt - lv - map_bms - mdf - mg - mh - mi - mk - ml - mn - mo - mr - mt - mus - my - myv - mzn - na - nah - nap - nds - nds_nl - ne - new - ng - nl - nn - no - nov - nrm - nv - ny - oc - om - or - os - pa - pag - pam - pap - pdc - pi - pih - pl - pms - ps - pt - qu - quality - rm - rmy - rn - ro - roa_rup - roa_tara - ru - rw - sa - sah - sc - scn - sco - sd - se - sg - sh - si - simple - sk - sl - sm - sn - so - sr - srn - ss - st - stq - su - sv - sw - szl - ta - te - tet - tg - th - ti - tk - tl - tlh - tn - to - tpi - tr - ts - tt - tum - tw - ty - udm - ug - uk - ur - uz - ve - vec - vi - vls - vo - wa - war - wo - wuu - xal - xh - yi - yo - za - zea - zh - zh_classical - zh_min_nan - zh_yue - zu

Static Wikipedia February 2008 (no images)

aa - ab - af - ak - als - am - an - ang - ar - arc - as - ast - av - ay - az - ba - bar - bat_smg - bcl - be - be_x_old - bg - bh - bi - bm - bn - bo - bpy - br - bs - bug - bxr - ca - cbk_zam - cdo - ce - ceb - ch - cho - chr - chy - co - cr - crh - cs - csb - cu - cv - cy - da - de - diq - dsb - dv - dz - ee - el - eml - en - eo - es - et - eu - ext - fa - ff - fi - fiu_vro - fj - fo - fr - frp - fur - fy - ga - gan - gd - gl - glk - gn - got - gu - gv - ha - hak - haw - he - hi - hif - ho - hr - hsb - ht - hu - hy - hz - ia - id - ie - ig - ii - ik - ilo - io - is - it - iu - ja - jbo - jv - ka - kaa - kab - kg - ki - kj - kk - kl - km - kn - ko - kr - ks - ksh - ku - kv - kw - ky - la - lad - lb - lbe - lg - li - lij - lmo - ln - lo - lt - lv - map_bms - mdf - mg - mh - mi - mk - ml - mn - mo - mr - mt - mus - my - myv - mzn - na - nah - nap - nds - nds_nl - ne - new - ng - nl - nn - no - nov - nrm - nv - ny - oc - om - or - os - pa - pag - pam - pap - pdc - pi - pih - pl - pms - ps - pt - qu - quality - rm - rmy - rn - ro - roa_rup - roa_tara - ru - rw - sa - sah - sc - scn - sco - sd - se - sg - sh - si - simple - sk - sl - sm - sn - so - sr - srn - ss - st - stq - su - sv - sw - szl - ta - te - tet - tg - th - ti - tk - tl - tlh - tn - to - tpi - tr - ts - tt - tum - tw - ty - udm - ug - uk - ur - uz - ve - vec - vi - vls - vo - wa - war - wo - wuu - xal - xh - yi - yo - za - zea - zh - zh_classical - zh_min_nan - zh_yue - zu