Ontohod
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Ontohod Status konservasi: Rawan
|
|||||||||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
![]() |
|||||||||||||||
Klasifikasi ilmiah | |||||||||||||||
|
|||||||||||||||
|
|||||||||||||||
Helarctos malayanus (Raffles, 1821) |
|||||||||||||||
|
Ontohod atawa Biruang Madu (Helarctos malayanus) nyaéta biruang nu habitat utamana di leuweung hujan tropis di Asia Tenggara.
Mun nangtung, ontohod jangkungna bisa nepi ka 1,2 m, anggota pangleutikna dina kulawarga biruang. Beuratna rata-rata 65 kg (nu jalu biasana leuwih badag saeutik batan nu bikang), boga buntut pondok kira ukur 3 cm.
Teu kawas biruang lianna, ontohod mah buluna pondok jeung lemes. Adaptasi ieu sigana luyu jeung iklim habitatna. Awakna pinuh ku bulu nu hideung atawa semu beureum, iwal lebah dadana aya bentuk talapok kuda (u) kelir konéng-oranyeu. Ceulina buleud jeung pondok sedengkeun kuku/cakar Ontohod rada panjang, hampang, bentukna rada kawas arit. Cakar ieu kuat pisan, sok dipaké pikeun ngoréh kulit kai jeung naék tangkal.
Salaku sato nu liar peuting, mun pabeubeurang sakadang Ontohod téh gawéna saré dina dahan kai nu teu pati luhur. Kusabab karesepna dina tatangkalan, di wewengkon nu deukeut ka pakebonan mah Ontohod téh sok dianggap hama, sabab ngaruksak pepelakan, utamana kalapa jeung kakao. Nyirorotna populasi ieu sato gé di antarana kusabab dianggap hama modél kieu, sahingga sok diboro ku para pangebon. Lian ti éta, Ontohod ogé sok diboro pikeun ramuan ubar Cina.
Kadaharan Ontohod mah rupa-rupa, kayaning vertebrata leutik kawas kadal, manuk, jeung mamalia séjénna, sarta bungbuahan, endog, rinyuh, pucuk jambé, sayang nyiruan, serangga, aakaran, kakao, jeung kalapa. Kusabab tetempoanana teu alus, Ontohod mah ngala kadaharanana téh migunakeun pangambeuna nu seukeut.
Kusabab teu ngalaman hibernasi, Ontohod mah bisa baranahan sapanjang taun. Biasana, Ontohod anakan sakali hiji, beuratna kira 280–340 g, kalawan mangsa keureuneuh salila 18 bulan. Ontohod nincak sawawa dina umur 3-4 taun.
Di Kalimantan aya hiji subspésiés Ontohod (Helarctos malayanus euryspilus).
[édit] Sumber rujukan
- Sun Bear, Wikipédia édisi basa Inggris (3 Oktober 2006)