Alfred Nobel
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Alfred Bernhard Nobel (21 Oktober 1833, Stockholm, Swédia - 10 Désémber 1896, San Remo, Italia). Kimiawan Swédia, insinyur nu manggihan dinamit. Anjeunna kawentar ku dilembagakeunana Hadiah Nobel. Unsur sintétik Nobelium dicokot tina ngaranna.
Daptar eusi |
[édit] Babad salira
Alfred Nobel téh putra katilu Immanuel Nobel (1801-1872), dibabarkeun di Stockholm, tapi lajeng ngalih ka St. Petersburg, tempat ramana mitembeyan usaha "torpédo". Taun 1859, usaha ieu diwariskeun ka putrana nu kadua, Ludvig Emmanuel (1831-1888), nepi ka jadi badagna. Sedengkeun Alfred balik ka Swédia jeung ramana alatan usaha kulawargana bangkrut, nu lajeng ngarojong anjeunna neuleuman bahan peledak, utamana ngeunaan kasalametan dina cara nyieun & migunakeun nitrogliserin (kapanggih taun 1847 ku Ascanio Sobrero, salasaurang muridna di Universitas Torino). Di pabrikna kungsi sababaraha kali kacilakaan (bahanna ngabeledug) di Heleneborg, nu salasahijina malah ngabalukarkeun adina jeung sababaraha urang pagawéna palastra dina taun 1864.
[édit] Dinamit
Nobel manggihan yén mun nitrogliserin ditapelkeun kana bahan panyerep (absorbent) nu inert kawas kieselguhr (diatomaceous earth), hasilna bakal leuwih aman nalika dimanipulasi. Campuran ieu dipaténkeun taun 1867 maké ngaran dynamite.
Anjeunna lajeng nyampurkeun nitrogliserin jeung bahan peledak lianna, gun-cotton, nu ngahasilkeun bahan kawas jélli transparan nu leuwih kuat batan dinamit. Blasting gelatin ieu dipaténkeun taun 1876, dituturkeun ku produk lianna nu sarupa, tapi ditambahan kalium nitrat, bubur-kai, jeung sababaraha zat lianna.
Sababaraha taun salajengna, Nobel ngahasilkeun ballistite, salasahiji nitrogliserin bubuk mesiu tanpa haseup nu munggaran. Bubuk ieu mangrupakeun prékursor cordite, nu ku Nobel diklaim kawengku dina paténna.
[édit] Hadiah
[édit] Rujukan
- en:Alfred Nobel, ti Wikipédia édisi basa Inggris per 19 April 2005
- 1911 Encyclopædia Britannica
[édit] Tumbu kaluar
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |