Vitamin
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Vitamin hartina molekul organik nu diperlukeun ku mahluk hirup dina jumlah anu saeutik sangkan bisa séhat. Organisme nu kakurangan vitamin bakal katarajang kasakit nu gejalana spésifik pikeun éta vitamin. Vitamin bisa digolongkeun dumasar kaleyuranana dina cai atawa dina lemak.
Sacara umum, hiji organisme kudu ngala vitamin atawa prékursor métabolikna ti luareun awak, utamana dina dahareun. Conto vitamin nu diturunkeun tina prékursor dina jero awak nyaéta vitamin A, nu bisa dijieun tina béta karotén; niasin tina asam amino triptopan; sarta vitamin D tina poncorong sinar ultrabungur kana kulit.
Istilah vitamin teu ngawengku zat gizi ésénsial lianna samodél mineral, asam lemak ésénsial, atawa asam amino éséntial, sarta henteu ogé rupa-rupa kadaharan nu dituang dina jumlah anu loba. Kecap vitamine munggaran diwanohkeun ku biokimiawan Polandia, Casimir Funk, taun 1912. Vita dina basa Latin hartina hirup, sedengkeun ahiran -amine pikeun amina; harita mah sakabéh vitamin téh disangka kaasup golongan amina.
Daptar eusi |
[édit] Sajarah
Ajén nuang sababaraha rupa katuangan pikeun ngajaga kaséhatan téh mangrupakeun hal nu ilahar di alam tradisional, saméméh vitamin kaidéntifikasi.
[édit] Vitamin pikeun manusa
Pikeun manusa, aya tilu welas vitamin nu kabagi kana dua golongan: opat vitamin nu leyur dina lemak (A, D, E jeung K) jeung salapan vitamin nu leyur dina cai (vitamin C jeung dalapan vitamin B).
Ngaran | Ngaran kimia | Kaleyuran | Panyakit Defisiénsi | Overdosis | Kabutuhan sapoé kira minimal (M,19-30)[1] |
---|---|---|---|---|---|
Vitamin A | Rétinol | Lemak | Panon kotokeun, Keratomalasia | 7.5 mg | 620 μg |
Vitamin B1 | Tiamin | Cai | Béribéri | t/a | 1000 μg |
Vitamin B2 (G) | Riboflavin | Cai | Ariboflavinosis | t/a | 1100 μg |
Vitamin B3 (PP) | Niasin | Cai | Pellagra | 2500 mg | 12000 μg |
Vitamin B5 | Asam pantotenat | Cai | Parestesia | t/a | 10000 μg |
Vitamin B6 | Piridoksin | Cai | t/a | 400 mg | 1100 μg |
Vitamin B7 (H) | Biotin | Cai | t/a | t/a | 30 µg |
Vitamin B9 (M) | Asam folat | Cai | [2] | 1 mg | 320 μg |
Vitamin B12 | Sianokobalamin | Cai | Pernicious anemia | t/a | 2 µg |
Vitamin C[3] | Asam askorbat | Cai | Scurvy | t/a | 75000 μg |
Vitamin D1-D4 | Lamistérol, Ergokalsiférol, Kalsiférol, Dihidrotahistérol, 7-dehidrositostérol | Lemak | Rickets | 1.25 mg | 2 µg (pikeun sakabéh Vitamin D) |
Vitamin E | Tokoférol | Lemak | t/a | 33000 mg | 12000 μg |
Vitamin K | Naftokuinon
(kadé pahili jeung Ketamina) |
Lemak | t/a | t/a | 75 µg |
^ Kakurangan asam folat (vitamin B9) di wanoja kakandungan patali jeung cacad lahir jeung kangker.
^ Vitamin C kadang dianggap makronutrien batan vitamin.
Zat gizi lianna nu teu kaasup vitamin, di antarana karnitin (aya dina daging, lauk), DMAE (lauk, endog, kacang kadelé, uteuk), asam lipoat (ati), asam folinat (ati), bioptrin (lauk, ati), PPQ jeung koénzim Q (daging, yoghurt, kacang kadelé).
[édit] Kurang/leuwih asupan vitamin
Hiji organisme bisa tahan sababaraha lilana tanpa protéin, tapi mun lila teuing mah bisa ngabalukarkeun panyakit, rasa nyeri, dugi ka bisa maot. Kapasitas simpenan vitamin dina awak urang rupa-rupa, gumantung jenis vitaminna.
Vitamin nu leyur dina lemak bisa disimpen dina jero awak sarta bisa toksik mun loba teuing nuangna, sedengkeun vitamin nu leyur na cai teu disimpen (iwal vitamin B12 nu disimpen dina ati).
[édit] Pseudo-vitamin
- Vitamin F tadina nujul ka asam lemak ésénsial nu teu bisa dijieun ku awak, tapi lajeng teu diasupkeun kana golongan vitamin, sabab kaasup asam lemak nu dipikabutuh ku awak dina jumlah nu loba.
[édit] Vitamin non-manusa
Pangabutuh zat gizi téh gumantung ka organismena. Mamalia sacara umum butuh vitamin nu sarua jeung manusa. Conto nu henteuna mah vitamin C, nu bisa disintésis ku sakabéh mamalia, iwal primata luhur jeung guinea pig.
[édit] Baca ogé
- Zat gizi
- Mineral asupan
- Asam amino ésénsial
- Kasakit alatan kurang gizi
- Parmakologi
- Karacunan vitamin
[édit] Rujukan
- Vitamin, Wikipédia édisi basa Inggris (3 Méi 2006).
- Maureen Barlow Pugh et.al. (éd.). 2000. Stedman's Medical Dictionary. Éd. ka-27. Baltimore: Lippincott Williams & Wilkins.
- Donatelle, Rebecca J. 2005. Health: The Basics. Éd. ka-6. San Francisco: Pearson Education, Inc.
- Funk, C. & H. E. Dubin. 1922. The Vitamines. Baltimore: Williams and Wilkins Company.
- The History of Vitamin Discovery. Salinan ping 1 Péb. 2005.
- Bellis, Mary. History of Vitamins. Salinan ping 1 Péb. 2005.
- Challem, Jack. 1997. The Past, Present and Future of Vitamins. Salinan ping 1 Péb. 2005.
- Leonhardt, David. 2004. Vitamin A - The Glow in the Dark Vitamin. Salinan ping 1 Péb. 2005.
- A Brief Update on Ubiquinone (Coenzyme Q10), J. Orthomol. Med. 15 (2):63-68.
[édit] Tumbu kaluar
- Tabel USDA RDA dina pormat PDF
- Vitamin contents of 7000 foods and tool to track your vitamin intake
- The lab which discovered the enzyme associated with PQQ
- Health Canada Dietary Reference Intakes Reference Chart for Vitamins
Vitamin |
---|
Vitamin B | Vitamin D |
Rétinol (A) | Tiamin (B1) | Riboflavin (B2) | Niasin (B3) | Asam pantoténat (B5) | Piridoksin (B6) | Biotin (B7) | Asam folat (B9) | Sianokobalamin (B12) | Asam askorbat (C) | Érgokalsiférol (D2) | Kolékalsiférol (D3) | Tokoférol (E) | Naptokuinon (K) |